Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
Istilah tatakrama basa Sunda numutkeun hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna. Sedengkeun tatakrama basa Sunda dimaksudkeun pikeun silihormat jeung silihajénan.
Sahanteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nyaéta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma.
Sabenerna aya hiji deui ragam basa Sunda, nyaéta basa kasar atawa garihal. Ragam basa ieu sok dipakéna sawaktu keur ngambék, nyarékan, paséa, ngécé, atawa ka sato. Tangtuna lantaran kasar, ragam basa ieu teu kaasup kana tatakrama.
loma | hormat ka sorangan |
hormat ka batur |
---|---|---|
akang | akang | engkang |
kuring / déwék / urang | abdi / sim kuring | ... |
kuring saréréa | abdi sadayana | ... |
manéh / hidep | ... | anjeun |
manéhna | ... | anjeunna |
pribadi | pribados | ku anjeun |
sorangan | sorangan | nyalira |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
adi | pun adi | tuang rai |
aki | pun aki | tuang éyang |
alo | pun alo | kapiputra |
anak | pun anak | tuang putra |
bapa | pun bapa | tuang rama |
baraya / dulur | réréhan / wargi | wargi |
bibi | pun bibi | tuang ibu |
budak | budak | murangkalih |
cikal | anak cikal | putra pangageungna |
deungeun-deungeun | nu sanés / sanés wargi | nu sanés / sanés wargi |
incu | pun incu | tuang putu |
indung | pun biang | tuang ibu |
kolot | kolot | sepuh |
lanceuk | pun lanceuk | tuang raka |
minantu | minantu | mantu |
mitoha | mertua | mertua |
nini | pun nini | tuang éyang |
pamajikan | pun bojo | tuang rai / tuang istri / geureuha |
paman | pun paman | tuang rama |
salaki | pun lanceuk | carogé / tuang raka |
téré | téré | kawalon |
loma | hormat ka sorangan |
hormat ka batur |
---|---|---|
awak / badan | awak / badan | salira / sarira |
beuheung | beuheung | tenggek |
beungeut | beungeut | pameunteu / raray |
beuteung | beuteung / padaharan | patuangan / lambut |
birit / bujur | birit / bujur | imbit |
bitis | bitis | wentis |
biwir | biwir | lambey |
bujal | bujal / puseur | udel |
buuk | buuk | rambut |
cangkéng | cangkéng | angkéng |
ceuli | ceuli | cepil |
diri | diri | salira |
dubur | dubur | palawangan |
gado | gado | angkeut |
halis | halis | kening |
haté | haté | manah |
huntu | huntu | waos |
irung | irung | pangambung |
kasakit / kanyeri | kasakit / kanyeri | kasawat |
kélék | kélék | ingkab / déhé |
kuku | kuku | tanggay |
kumis | kumis | rumbah |
lého | lého | umbel |
létah | létah | ilat |
leungeun | leungeun | panangan |
panon | panon | soca |
pianakan | pianakan | wewetengan |
pingping | pingping | paha |
pipi | pipi | damis |
ramo | ramo | réma |
sirah | sirah | mastaka |
sirit | larangan | larangan |
sora | sora | soanten |
suku | suku | sampéan |
sungut | sungut / cangkem | baham |
susu awéwé | susu awéwé | pinareup |
taktak | taktak | taraju |
tarang | tarang | taar |
tonggong | tonggong | pungkur |
tuur | tuur | deku |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
ali | ali | cingcin / lélépén |
baju | baju | raksukan |
bendo | bendo | udeng |
beubeur / sabuk | beubeur / sabuk | beulitan |
calana | calana | lancingan |
carécét / saputangan | carécét / saputangan | salempay |
gelung | gelung | sanggul |
geulang | geulang | pinggel |
iket | iket / totopong | totopong / udeng |
iteuk | iteuk | teteken |
karémbong | karémbong / kekemben | kekemben |
keris | keris | duhung |
kongkorong | kongkorong / kangkalung | kangkalung |
panitih | panitih | sangkétan |
payung | payung | pajeng |
sabuk / beubeur | beubeur | beulitan |
samping | samping / sinjang | sinjang |
sisir | sisir / pamérés | pamérés |
suweng | suweng | kurabu |
topi | topi | tudung |
wedak | wedak | pupur |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
anggel | anggel / bantal | bantal |
cacangkir / cangkir | cacangkir / cangkir | tangkepan |
ciling / pacilingan | kakus | jamban |
dapur | dapur | pawon |
enggon / kamar | pamondokan | pangkuleman |
gardéng / rérégan | gardéng / rérégan | lalangsé |
guguling | guguling | pepedek |
imah | rorompok | bumi |
kéjo / sangu | sangu | sangu |
pancuran / kamar mandi | jamban | jamban |
samak | amparan | amparan |
simbut | simbut | kampuh |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
balur | balur | lulur |
batuk | batuk | gohgoy |
begang / kuru | begang | langsip / langsit |
bengék / mengi | asma | ampeg |
bisul | bisul | gambuh |
bolonan / kotoran / palangan / héd | udur sasih / kareseban | kareseban |
cageur | pangésto / pangéstu | damang |
cangkeul | cangkeul | pegel |
capé | capé | palay |
gering | udur | teu damang |
kalenger / kapaéhan / kapiuhan | kapaéhan / kapiuhan | kapidara |
kumbah / kukumbah | kumbah / kukumbah | wasuh / wawasuh |
lapar | lapar / hoyong neda | palay tuang |
mamayu | mamayu | mamajeng |
muriang | muriang | nyenyepan |
obat / ubar | obat / ubar | landong |
parna | répot | wales |
prihatin | prihatin | prihatos |
rieut | rieut | puyeng |
sakit / kasakit | kasakit | kasawat |
salésma | salésma | pileg |
seubeuh | sesek / wareg | wareg |
tunduh | tunduh | palay kulem |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
ambek | ambek | bendu / wera |
atoh / bungah | bingah | bingah |
bageur | bageur | saé manah |
bangga | sesah | sesah |
beuki | beuki / seneng | sedep |
bingung | bingung | éwed |
bungah / gumbira | bingah | bingah |
daék | daék / purun | kersa |
éra | isin | lingsem |
genah / geunah | raos | raos |
gimir | gimir | rentag manah |
hawatir / watir / karunya | watir | hawatos |
hélok | héran | hémeng |
inggis / risi | inggis / risi | rémpan |
ngeunah | ngeunah | raos |
rasa / rumasa / karasa | raos / rumaos / karaos | raos / rumaos / karaos |
resep / karesep | karesep | kalangenan |
ripuh | ripuh / répot | répot |
sadia / sayaga | sayagi | sayagi |
salempang / hariwang | salempang | salempang / rejag manah |
sedih | sedih | sedih / sungkawa |
senang | senang | raos manah |
sono | sono | honeng |
wani | wantun | wantun |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
ciduh | ciduh | ludah |
cikiih | cikahampangan | cikahampangan |
cipanon | cipanon | cisoca / ciséér |
késang | késang / karinget | karinget |
tai | kokotor | kokotor |
utah | utah | luga |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
antara | antara | antawis |
beulah | palih | palih |
deukeut | deukeut | caket |
gigireun | gigireun | gédéngeun |
hareup | payun | payun |
jauh | tebih | tebih |
jero | lebet | lebet |
katuhu | katuhu | tengen |
kédé | kénca | kiwa |
lebah / palebah | leresan | leresan |
pandeuri | ti pengker | ti pengker |
tukang | pengker / pungkur | pengker / pungkur |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
baréto / baheula | kapungkur / kapengker | kapungkur |
beurang | siang | siang |
bulan | sasih | sasih |
burit | sonten | sonten |
gancang / téréh | énggal | énggal |
geuwat | geuwat | énggal |
heubeul / lawas | heubeul / lami | lami |
isuk / isukan | énjing | énjing |
isuk-isuk | énjing-énjing | énjing-énjing |
kakara / karék | nembé | nembé |
kalan-kalan / sakapeung | sawaktos-waktos | sawaktos-waktos |
lila | lami | lami |
malem / peuting | wengi | wengi |
mimiti / mimitina | kawitna | awitna / kawitna |
poé | dinten | dinten |
sakeudeung | sakedap | sakedap |
soré | sonten | sonten |
taun | taun / warsih | warsih |
témpo | sarantos | sarantos |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
ambeu / ngambeu | ngambeu | ngambung / ngangseu |
angir / diangir | dikuramas | dikujamas |
asa / rarasaan | raraosan | raraosan |
aso / ngaso | ngaso | leleson |
bireungeuh / mireungeuh | mireungeuh | ningali |
buang / bubuang / ngising | miceun | kabeuratan |
cabak / nyabak | nyabak | nyepeng |
caneut / nyaneut | nyaneut | ngaleueut |
carita / omong / nyarita / ngomong | nyanggem | nyarios |
cécéwok | obéh / ombéh | obéh / ombéh |
cekel / nyekel | nyekel | nyepeng |
ceurik | ceurik | nangis |
cium / nyium | nyium | ngambung |
cokot / nyokot | ngabantun | nyandak |
cukur / dicukur | dicukur | diparas |
dahar | neda | tuang |
dangdan | dangdan | dangdos |
déngé / ngadéngé | nguping / mireng | ngadangu |
diuk | diuk | calik / linggih |
éndong / ngéndong | ngéndong | ngawengi |
gégél | gégél | landep |
geuing / ngageuing | ngageuing | ngémutan |
heuay | heuay | angob |
hitut | hitut | kabobosan |
hudang | hudang | gugah |
igel / ngigel | igel / ngigel | ibing / ngibing |
ilik / ngilikan | ningal / ningalian | ningal / ningalian |
impi | impén | impén |
imut | imut | mésem |
inum | inum | leueut |
katara / kaciri | katawis | katawis |
kedeng / ngedeng | ngedeng | ébog |
kélék / ngélék | ngélék | ngadéhé |
kiih | kahampangan | kahampangan |
labuh | labuh | geubis |
lahun / ngalahun | ngalahun | mangkon |
lalajo | nongton | nongton |
létak / dilétak | dilétak | diilat |
malik | malik | mayun |
mandi | mandi | siram |
maot | maot | pupus / tilar dunya |
ngais | ngais | ngemban |
ngising | kabeuratan | kabeuratan |
nguluwut / nguyung | nguluwut / nguyung | ngangluh |
nyaring | nyaring | gugah / teu acan kulem |
paké / maké | nganggo | nganggo |
pangku / mangku | mangku | mangkon |
pencét / mencétan | meuseulan | meuseulan |
ranyéd / ngaranyéd | ngaranyéd | ngalambangsari |
reureuh | reureuh | ngaso |
roko / udud / ngaroko / ngudud | roko / ngaroko | sesepeun / nyesep |
sampak / nyampak | nyampak | nyondong / kasondong |
saré | mondok | kulem |
sasarap | sasarap / neda (énjing-énjing) | tuang (énjing-énjing) |
sebut | sebat | sebat |
seupah / nyeupah | nyeupah | ngalemar |
seuri | seuri | gumujeng |
sibanyo | sibanyo | wawasuh |
sisig / nyisig | sisig / nyisig | susur / nyusur |
teleg / teureuy | teleg / teureuy | telen |
tembang | tembang | mamaos |
ténjo | tingal | tingali |
teundeun / tunda | simpen | simpen |
tincak | nincak | dampal |
tunggu | antos | antos |
ulin | ulin | ameng |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
abus | lebet | lebet |
amit / amitan | permios | permios |
anteur / nganteur | jajap / ngajajapkeun | nyarengan |
arep / diarep-arep / ngarep-ngarep | ajeng / diajeng-ajeng / ngajeng-ngajeng | ajeng / diajeng-ajeng / ngajeng-ngajeng |
badarat | badarat | nyacat |
balik / mulang | wangsul | mulih |
cicing | matuh | calik / linggih |
cunduk / datang | dongkap | sumping / rawuh |
ilu / ngilu | ngiring | ngiring |
indit / miang | mios | angkat |
jugjug / ngajugjug | bujeng / ngabujeng | bujeng / ngabujeng |
kabur / minggat | minggat | lolos |
kari / tinggal | kantun | kantun |
leumpang | leumpang | angkat |
paju / maju | majeng | majeng |
patuh / matuh | matuh | linggih |
pegat / kapegat | kapegat | kaandeg |
permisi | permios | permios |
pindah | pindah | ngalih |
saba / nyaba | nyanyabaan | angkat-angkatan |
tumpak | tumpak | tunggang |
turun | turun | lungsur |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
baca | aos | aos |
badami | badanten | badanten |
béja / bébéja | wawartos / popoyan | wawartos / pupulih |
bilang / milang | ngétang | ngétang |
celuk / nyeluk / gero / ngageroan | nyauran | ngagentraan |
cenah / cénah | cenah / cénah | saurna |
didik / ngadidik | ngatik | miwuruk / mitutur / miwejang |
éling / inget | émut | émut |
harti | harti | hartos |
iber / kabar / béja / warta | wartos | wartos |
itung / ngitung | itung / ngitung | étang / ngetang |
jawab | walon | waler |
kira / sangka / ngira / nyangka | nginten | nginten |
kocap / kocapkeun / kacaritakeun | kacarioskeun | kacarioskeun |
maca | maca | maos |
magahan / mapagahan | mapagahan | ngawurukan / miwejang |
naséhat / papatah | naséhat / papatah | piwuruk / piwejang |
ngajar | ngajar | ngawulang / ngawurukan |
ngaku | ngaku | ngangken |
nyaho | terang | uninga |
nyana | nginten | nginten |
nyoba / mecakan | nyobi | nyobi |
paham | paham / ngartos | ngartos |
paliré / maliré | maliré | merhatoskeun |
parah / dipaparah | dikinten-kinten | dikinten-kinten |
paribasa | paripaos | paripaos |
pikir | pikir | manah |
poho | hilap | lali |
rujuk / rempug | rempug | rempag |
sadu / sasadu | tamada | tamada |
salin / disalin | disalin | gentos |
tulis | tulis | serat |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
bawa | bantun | candak |
béré / méré | maparin / masihan | ngahaturanan / ngalélér |
beuli / meuli | mésér | ngagaleuh |
bikeun / mikeun | maparinkeun / masihkeun | ngahaturkeun / nyanggakeun |
cumpon / nyumponan / nohonan / nedunan | nyumponan / nyaosan | nyaosan |
dagang | dagang | icalan |
duit | artos | artos |
ganti | ganti | gentos |
harga | harga | pangaos |
hili / tukeur | liron | liron / gentos |
hutang | hutang | sambetan |
injeum / nginjeum | tambut / nambut | tambut / nambut |
jual | ical | ical |
nohonan | nyaosan / nyumponan | nyaosan |
pihapé / mihapé | wiat | ngaweweratan |
séléh / nyéléhkeun | masrahkeun | nyanggakeun / ngahaturkeun |
tarima | tampi | tampi |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
aji / ngaji | ngaji | ngaos |
buka (puasa) | buka | bobor |
bulan puasa | sasih siam | sasih siam |
lebaran | boboran siam | boboran siam |
puasa | puasa | saum |
salat / solat | sambéang | netepan |
wulu / wudu | wulu / wudu | abdas |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
candung | candung | wayuh |
jima | sapatemon | sapatemon |
jinah | jinah | ngalambangsari |
juru / ngajuru | ngalahirkeun | babar |
kawin | nikah / jatukrami | jatukrami / réndéngan |
kuren / kurenan | rimbitan | rimbitan |
nyolowédor | nyolowédor | midua manah |
popotongan | patilasan | patilasan |
rarabi | rarabi | garwaan |
reuneuh | kakandungan | bobot / ngandeg |
séléwér / nyéléwér | midua haté | midua manah |
serah / nyerahkeun | mirak | mirak / ngésér |
Citakan:Tatakrama manusa masarakat
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
angkir / diangkir / diondang | diondang / disaur | diulem / disaur |
anjang / nganjang | ngadeuheus | natamu |
anti / nganti / dago / ngadagoan | ngantosan | ngantosan |
bagéa | bagéa | haturan |
bantu / babantu | babantu | babantos |
caram / nyarék / nyaram | nyarék / nyaram | ngawagel |
carék / nyarékan | nyarékan | nyeuseul / nyauran |
cici / nyician | nyician | mairan |
cik / cing / coba | cobi | cobi |
dago / dagoan | antosan | antosan |
éstu / ngéstukeun / nurut | ngéstokeun | ngéstokeun |
eusi / ngeusian | ngalebetan | ngalebetan |
gawé | gawé | damel |
gilir / bagilir | bagilir | bagentos |
gugu / ngagugu | nurut | tumut |
gusar / digusar | digusar | dipeper |
hadir / ngahadiran / nungkulan | nungkulan | ngaluuhan |
hampura / maap | hapunten | hapunten / haksama / haksami |
jaga | jaga | jagi |
kubur / dikubur | kaluat / dikaluat | dikaluat / dikurebkeun |
kumpul | kempel | kempel |
mupakat / rempug | mupakat / rempug | rempag |
ngadu | ngadu | ngaben |
ngurus | ngalereskeun | ngalereskeun |
ogan / ngogan | ngondang | ngulem |
omé / ngoméan / menerkeun | ngalereskeun | ngalereskeun |
palar / dipalar | dipalar | dipamrih / dipambrih |
pandé / mandéan | mandéan | mapadani / nyamian |
panggih / manggih | mendak | mendak |
parak / marak | marak | munday |
pariksa / mariksa | mariksa | marios |
piligenti | piligentos | piligentos |
pilih / kapilih | kapilih | kaselir / kapeto |
raksa | raksa | tangtayungan |
rampés | mangga | mangga |
sanding / kasanding | kasanding | kasumpingan |
siar / nyiar / néang | milari | milari |
tepung | tepang | tepang |
titah | nitah | ngajurung |
turut | turut | tumut |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
béak | séép | séép |
beurat | abot | abot |
cukup / mahi | cekap | cekap |
emét / saemét / saeutik | saeutik / sakedik | saeutik / sakedik |
euweuh | teu aya | teu aya |
gedé | gedé | ageung |
kabéh / kabéhanana | sadayana | sadayana |
kurang | kirang | kirang |
leutik | alit | alit |
leuwih | langkung | langkung |
meujeuhna | meujeuhna | cekap |
montok | montok | ageung |
ngan | mung | mung |
paro / saparo | sapalih | sapalih |
réa / loba | seueur | seueur |
sabangun | sabangun | sapertos |
sagala | sagala / saniskanten | saniskanten |
sakur | sakur | sugri |
sarua | sami | sami |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
alus / hadé | saé | saé |
anyar | weuteuh | weuteuh |
ati-ati / kadé | ati-ati | atos-atos |
babari / gampang | gampil | gampil |
béda | bénten | bénten |
bener / enya | leres | leres |
berekah | pangésto / pangéstu / aya hibar | damang / wilujeng |
buru | bujeng | bujeng |
duga / kaduga | kaduga | kiat |
éléh | éléh | kawon |
gandéng | gandéng | baribin |
getol | getol | kersaan |
goréng / joré | goréng | awon |
gura-giru | gura-giru | énggal-énggalan |
haben | haben | teras-terasan |
hayu | hayu | mangga |
hésé / susah / pelik | sesah | sesah |
hina | laip | laip |
hirup | hirup | jumeneng |
kacida / nataku / pantég | kalintang | kalintang |
kapalang / kagok | kapameng | kapameng |
kolot | kolot | sepuh |
kop / pék | mangga | mangga |
kuat | kiat | kiat |
laku / payu / laris | pajeng | pajeng |
laun / laun-laun | lami-lami | lami-lami |
léngoh | léngoh | teu nyandak nanaon |
leungit | leungit | ical |
lulugu / utama | utami | utami |
mahal | mahal | awis |
malarat / miskin | jalmi teu gaduh | teu kagungan nanaon |
marhum | marhum / jenatna | marhum / suargi |
murah | mirah | mirah |
ngora | ngora | anom |
palangsiang / bisa jadi | tiasa jadi | tiasa jadi |
pantar / sapantar | sapantar | sayuswa |
parok / teu parok | teu sami | teu sami |
pati / teu pati | teu patos | teu patos |
percaya | percanten | percanten |
perlu | perlu | peryogi |
pirang-pirang | pinten-pinten | pinten-pinten |
rikip / ririkipan | ririkipan | rerencepan |
robah | robah / robih | robih |
rupa / warna | rupi | rupi |
rusuh / rurusuhan | éngal-énggalan | énggal-énggalan |
salah | lepat | lepat |
salamet | salamet | wilujeng |
saniskara | saniskanten | saniskanten |
saréréa | sadayana | sadayana |
sarua | sarupi / sami | sarupi / sami |
sésa / kari | kantun | kantun |
urut | tilas | tilas |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
asal | kawit | kawit |
astana | pasaréan | pajaratan / makam |
bukti | buktos | buktos |
gogoda / cocoba | cocoba | cocobi |
hal / perkara | perkawis | perkawis |
idin | widi | widi |
kutu | kutu | puntang |
minyak | lisah | lisah |
récéh | récéh | artos alit |
sawah | sawah | sérang |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
arang / langka | awis-awis | awis-awis |
arék | badé / seja | badé / seja |
beunang | kénging | kénging |
bisa | tiasa | iasa |
boa | tiasa jadi | tiasa jadi |
butuh | perlu | peryogi |
carang / langka | awis / awis-awis | awis / awis-awis |
embung | alim / narah (awéwé) | teu kersa |
hayang | hayang / hoyong | palay |
kudu | kedah | kedah |
kungsi | kantos | kantos |
lain | sanés | sanés |
mangka / sing / muga | mugi | mugi |
meureun | panginten | panginten |
mindeng / remen | sering | sering |
muga | mugi | mugi |
pasti / tangtu | tangtos | tangtos |
pénta / ménta | neda / nyuhunkeun | mundut |
puguh / tangtu | tangtos | tangtos / kantenan |
purun | purun | kersa |
sanggup | sanggem | sanggem |
ulah / entong | teu kénging | teu kénging |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
ambéh / supaya / sangkan | supados | supados |
atawa | atanapi | atanapi |
bisi | bilih | bilih |
can / tacan | teu acan | teu acan |
duméh / lantaran | jalaran | ku margi |
eukeur / keur | nuju | nuju |
geus / enggeus | réngsé / parantos | parantos |
heug / seug | mangga | mangga |
iwal | anging | anging |
jaba / kajaba | jaba / kajaba | jabi / kajabi |
kajeun / keun baé | sawios | sawios |
kawantu | kawantos | kawantos |
kawas / saperti / jiga | jiga / sapertos | sapertos / sakarupi |
lamun / upama | upami | upami |
lantaran / sabab / alatan | jalaran / sabab | margi |
méméh / saméméh | sateuacan | sateuacan |
mending / leuwih hade | langkung saé | langkung saé |
minangka | étang-étang | étang-étang |
najan / parandéné / sanajan | sanaos | sanaos |
pangna / nu matak | nu mawi | nu mawi |
pédah | ku margi / jalaran | ku margi / réhing |
sabot / basa | waktu / nalika / waktos | nalika / waktos |
sanggeus / sabada | saparantos | saparantos |
sarta / jeung / bareng / reujeung | bareng / sareng | sareng |
semet / serek / nepi ka | wangkid / dugi ka | wangkid / dugi ka |
sugan / manawa | manawi | manawi |
tapi | nanging | nanging |
terus / tuluy | teras / lajeng | teras / lajeng |
yén | wiréh / réh | wiréh / réh |
loma | hormat keur sorangan |
hormat keur batur |
---|---|---|
ajang / keur / pikeun | kanggo | haturan / kahatur |
ari | dupi / upami | dupi / upami |
baé / keun baé | sawios | sawios |
bawarasa | ku émutan / bawiraos | ku émutan / bawiraos |
boga | gaduh | kagungan |
émboh / tambah | tambih | tambih |
endeng / saendeng-endeng | salamina | sapapaosna |
geura / pék / hég | geura / mangga | mangga |
komo / sumawonna | komo / sumawonna | sumawonten |
laju | laju | lajeng |
larung / liwat / kalarung | kalangkung | kalangkung |
maksud | maksad | maksad |
mangkuk / teu mangkuk | teu kantos | teu kantos |
mungguh | menggah | menggah(ing) |
salah saurang | salah sawios | salah sawios |
séjén | séjén / sanés | sanés |
tayohna | rupina | rupina |
tulus | cios | cios |