Nikah numutkeun saréat agama Islam nyaéta ngahijikeun atawa ngumpulkeun. Bisa ogé nikah dihartikeun kana akad atawa ijab kabul nu ngalantarankan ayana hiji hubungan nu halal antara hiji lalaki jeung hiji awéwé dina ngambah sagara rumah tangga.[1]
Dina Kur'an aya kecap zawaj nu dalit jeung term pertikahan. [2] Zawaj hartina papasangan nu dumasar kana pidawuh Allah Swt. yén geus nyiptakeun manusa pikeun papasangan ku cara nikah nu halal jeung ngaharamkeun jina. [1]
Rukun nikah dina agama Islam aya 5.
Lamun aya salah sahiji rukun éta henteu cumpon maka pertikahan henteu sah.[2]