Sawah (basa Hormat: Sérang) nyaéta hiji lahan anu digarap pikeun tempat melak paré [1]. Sawah kudu mibanda kakuatan dina mangsa cai naneum di luhureuna lantaran tangkal paré sawaktu-waktu kudu kakeueum ku cai. Pikeun nyukupan kabutuhan cai ka sawah ilaharna ngamangpaatkeun sistem irigasi anu asalna tina hulu cai, cai hujan, atawa susukan. Sawah samodél kieu disebut ogé sawah irigasi, tangkal paré anu dipelakna disebut paré lahan baseuh (lowland rice).[2]
Hiji panalungtikan anu saterusna dibéwarakeun Proceedings of the National Academy of Sciences of the United States of America nétélakeun yén paré anu dibudidayakeun kiwari, tina spésiés indica ogé japonica, asalna tina hiji spésiés paré liar nyaéta Oryza rufipogon geus kapanggih dina 8200 taun nepikeun ka 13500 taun anugeus kaliwat di China. Paré anu dibudidayekeun di sababaraha nagara saperti Bangladesh, China, Filipina, India, Indonésia, Iran, Jepang, Kamboja, Koréa Kidul, Koréa Kalér, Laos, Malaysia, Myanmar, Nepal, Pakistan, Sri Lanka, Taiwan, Thailand, jeung Vietnam. Paré sawah ogé dipelak di Éropa saperti Piedmont (Italia) jeung Camargue (Prancis).[3]
Nincak umur paré geus culcel bijil buahna, di saung ogé mimiti haneuteun nu ngadon tunggu sawah ngagebahan hama manuk piit jeung sajabana.[4] Nu tunggu di saung ilaharna ibu-ibu jeung barudak, ku sabab salakina mah ngadon garawé di kebon atawa nyiar suluh.[4] Tunggu paré disaung téh ilaharna ti mimiti wanci pecat sawed nepika lingsir ngulon, mangsa geus surup panon poé kakara ninggalkeun saung baralik ka imahna séwang-séwangan.[4]
20 Nagara panglobana ngahasikeun Paré—2012 (million metric ton)[5] | |
---|---|
China | 204.3 |
India | 152.6 |
Indonésia | 69.0 |
Vietnam | 43.7 |
Thailand | 37.8 |
Bangladesh | 33.9 |
Myanmar | 33.0 |
Philippines | 18.0 |
Brazil | 11.5 |
Japan | 10.7 |
Pakistan | 9.4 |
Cambodia | 9.3 |
United States | 9.0 |
Koréa | 6.4 |
Egypt | 5.9 |
Nepal | 5.1 |
Nigeria | 4.8 |
Madagascar | 4.0 |
Sri Lanka | 3.8 |
Laos | 3.5 |
Dicutat tina: Food and Agriculture Organization |
Sawah tadah hujan nyaéta sawah anu ngandelkeun cai hujan wungkul dina nyukupan kabutuhan caina. Sawah samodél kieu bisa ngahasilkeun dina mangsa usum hujan wungkul. Dina mangsa usum halodo ieu sawah diantepkeun kitu waé ku alatan euweuh cai.[6]:70 Sawah tadah hujan umumna dipanén ngan sataun sakali.[7]:102 Sawah tadah hujan leuwih loba ngagunakeun tanaga ku alatan mindeng ngayuman deui tangkal paré ku lantaran henteu jadi dina mangsa dipelak saméméhna atawa loba anu garing[8]:165
Ahli arkéologi geus paheut ngeunaan asal muasal budidaya paré disawah dimimitian di China. Bukti ayana sawah jeung paré anu munggaran umurna 6280 taun anu geus kaliwat hasil tina ‘’penanggalan’’ karbon tina siki paré jeung bahan organik taneuh anu kapanggih dina situs Chaodun di Kushan County.[9] Di hiji situs Néolitik di Caoxieshan, arkéologis ngaggali tur meunang hiji bukti anyar anu dipercaya baheulana mangrupa sawah.[10] Disawang dina ieu situs di Caoxieshan umurna 4000 nepi ka 3000 SM.[11][12] aya kana 10 lokasi arkéologi anu aya patula patalina jeung sawah di Koréa. Anu pangkolotna aya dua nyaéta di Okhyun jeung Yaumdong, Ulsan, umurna Mumun pottery period.[13] Kapanggih ogé hiji bukti arkéologis anu mana béas (Paré anu geus dipesék) diteundeun pikeun kabutuhan bala tantara jeung upacara ti saprak jaman Neolitik nepikeun ka Dinasti Han di China.[14]
Nyaéta ngaduruk jarmi atawa tangkal paré saréngséna dipanén dina kaayaan geus garing maksudna ngarah gampang dina mangsana ngolah sawah ogé ngaduruk jarami bisa ngaleungitkeun hama anu napel dina jarami jeung lebuna bisa nyuburkeun kana taneuh
Meresihan jukut dina galengan sawah ngagunakeun parang
Naplokeun leutak sawah kana galengan di mana geus bérésih ditampingan
Macul taneuh sawah ku jalan maké alat anu ngarana wuluku biasana ditarik maké munding atawa sapi, tujuana supaya taneuh anu aya di handap kaangkat ka luhur jeung sabalikna.
Ngaratakeun taneuh ku jalan maké papan atawa pacul biasana dilakukeun saenggeusna ngawuluku bérés, disabaraha daerah katelah ogé nganglér.
Nyaéta ngawurkeun binih paré kana pabinihan anugeus disiapkeun saméméhna
Ngaguratan leutak anu aya disawah maké Hiji alat tina kai, panjang kurang leuwih 2 méter maké gagang paragi narikna ieu sangkan dinamangsa melak binih paré henteu paparéolan, jeung deui jarakna sarua. Luyu jeung anu geus ditangtukeun
Nyabut binih paré tina pabinihan pikeun dipindahkeun ka sawah. Binih paré anu ditebar saméméhna di mana geus jadi jeung jangkung kurang leuwih 10 cm.
Melakeun binih paré menang babut tadi, dina leutak sawah anugeus diguratan maké naplak.
Nyaéta méré sihan sawah tina jujukutan anu aya sagigireun tangkal paré sangkan jukutna henteu jaradi anu engkéna bisa ngaganggu kana kasuburan tangkal paré.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |