Abdas disawang tina jihat étimologis (Arab: الوضوء al-wuḍū (ku wāwu nu dhammah) mangrupa ngaran kecap tindakan. wadhū (ku wāwu nu fathah) mangrupa ngaran pikeun tujuan nu dimaksud kana tindakanana, Persian: آبدست ābdast, Turkish: abdest, Urdu: وظو wazū).[1] Numutkeun jihat istilah mibanda dua harti. Nu kahiji bersih, bersih tina sagala hadas leutik atawa najis nu ngabalukarkeun kana teu sahna ibadah nu dilakonan ku urang. Nu kadua éndah, éndah saluyu kana enas-enas nu aya dina syariat Islam, nyaéta nutup aurat.[2] Disawang tina unsur syara' hartina ngabersihkeun awak atawa anggahota awak tina hadas leutik misalna jiga ka cipratan ku ciompol, boh dihaja atawa teu dihaja.[1][2] Paréntah abdas dibarengan ku ayana paréntah ngalaksanakeun solat, nu matak abdas jadi syarat sahna ibadah solat.[2]Allah SWT. negeskeun dina Al-Quran surat Al Ma'idah ayat ka-6 nu hartina "Hey jalma-jalma nu ariman! Lamun maranéh rék ngerjakeun solat mangka kumbah baeunget maranéh, jeung leungen maranéh nepi ka siku, jeung baseuhan sirah maranéh, jeung kumbah suku maranéh nepi ka mumuncangan, jeung di mana maranéh junub mangka kudu mandi(Al-Maidah:6)". Leuwih ti éta Rosululloh SAW. ngawuwuhan dina sawatara hadist soheh nu diriwayatkeun ku Bukhori jeung Muslim di antarana waé ngeunaan jalma nu sok abdas, dina poé kiamah bakal sing marahmay.[3]
(إِنَّ أُمَّتِى يَدْعُوْنَ يَوْمَ الْقِيَا مَةِ غُرٌّا مُحَجَّلِيْنَ مَنْ آ ثَارِ الْوُضُؤ فَمَنِ اسْتَطَاعَ مِنْكُمْ أَنْ يُطِيْلَ غُرَّ تَهُ فَلْيَفْعلْ (رواه البخارى مسلم
"Satemena ummat kaula (ummat Islam) bakal digero-gero dina poé kiamah kalayan rarai nu marahmay tina patilasan abdasna. Sing saha jalma diantara maranéh nu bisa sumeringah (dina abdasna) pikeun salawasna, mangka pék laksanakeun. (HR. Bukhari-Muslim)"[3]
Dina hadist séjen aya katerangan nu nyebutkeunn, yén abdas téh bisa mupus dosa jeung sagala kagoréngan.[3]
(مَنْ تَوَضَّأَ فَأَحْسَنَ الْوُضُوْءَ خَرَجَتْ خَطَايَاهُ حَتَّى تَخْرُجَ مِنْ تَحْتِ أَظْفَارِهِ (رواه مسلم
"Sing saha jalma nu abdas kalayan saalus-alusna, mangka bakal leungit kagoréngan-kagorénganana katut dosana nu laleutik nu aya di jero kuku-kukuna. (HR. Muslim)"[4]
Abdas salian ti sarat pikeun ngalaksanakeun ibadah ogé jadi ubar atawa tamba gering.[5] Rosululloh réa maparin umatna ku élmu pangaweruh, salah sahijina ngeunaan tarékah pikeun ngubaran sajabaning panyakit.[5] Tarékah nu ku Rosululloh diajarkeun téh nyaéta ku cara abdas.[5] Katerangan ieu sumebar ku ayana hadis riwayat ngeunaan jelema lolong nu ménta tulung ka Rosululloh sangkan ngubaran panona nu teu bisa nempo.[5] Rosululloh tuluy ngajarkeun du'a ka éta jalma, ngan Rosululloh teu nitah maca éta du'a, Rosululloh mung nitah sangkan éta jalma ngaimimitian ku abdas.[5] Hartina abdas minangka bubuka pikeun ngubaran sagalarupa panyakit.[5]
Niat ieu dilakonan nalika ngumbah pameunteu kalawan ngucap nu di handap ieu bari jeung ngedalkeun hartina dina haté .[6][7]
نَوَيْتُ الْوُضُؤَ لِرَفْعِ الْحَدَثِ الْاَصْغَرِ فَرْضًا لِلٰهِ تَعَالٰى
"Niat kaula abdas ngaleungitkeun hadas leutik fardhu lillahita'ala".[6][7]
Jeung nalika ngumbah niat urang kudu panceg pikeun ngaleungitkeun hadas, atawa niat pikeun ngalakonan hiji hal nu miboga sarat abdas (contona abdas pikeun solat), atawa niat susuci tina hadas, jadi upamana urang teu boga niat kitu, abdasna teu sah.[8] Bakat ku pentingna niat, Islam méré nahkeun tatapakanana dina hadist arba'in no hiji, di mana niat téh mangrupa sarat nu pangpentingna dina sarupaning kagiatan hirup manusa, salah sahijina Rosululloh negeskeun dina sempalan hadist nu diriwayatkeun ku Abu Hafsh Umar bin al-Khatab.[9]
إِن مَا الْأَعْمَالُ بِالنٌِيَاتِ
"sagala rupa nu digawé ku urang gumantung niatna".[9]
Jadi niat téh sarat fardhu abdas nu dina enas-enasna mah mangrupa sarat ditarima henteuna amal nu dipigawé ku urang.[9] Gurat badag dina niat téh nyaéta di mana urang niat lilllahi ta'ala, mangka niat urang bakal ngadatangkeun ganjaran, nu matak saurang mukmin dipaparin ganjaran dumasar kana niatna.[9] Hakékat niat numutkeun syara' nyaéta boga maksud bari dibarengan ku digawéna, upama teu dibarengan jeung digawéna mangka disebut 'azam.[9]
Ngumbah pameunteu tilu kali, disimeuhkeun ti mimiti jadina buuk nepi ka handapeun dago, tuluy nepi ka ngusap ceuli beulah kénca nepi ka katuhu.[6][7] Du'a nalika ngumbah pameunteu sabada niat nyaéta
اللٌٰهُمٌَ بَيٌِضْ وَجْهِيْ يَوْمَ تَبْيَضٌُ وُجُوْهُُ وَ يَوْمَ تَسْوَدٌُ وُجُوْهُُ
"Ya Allah, jadikeun pameunteu abdi bodas bengras nalika poé di mana aya pameunteu nu bodas bengras jeung di mana aya pameunteu hideung cakueum".[8]
Salian ti du'a éta, Rosululloh ngawuwuhan hadits nu aya dina kumpulan hadits Riyādash-Shālihīn II:141 nu hartina "...Lamun ngumbah pameunteu, manéhna ningali sakabéh dosana kaluar babarengan jeung nyakclakna cai...(HR Muslim)"[8]
Ngumbah dua leungeun nepi ka siku tilu kali.[6][7] Fungsina pikeun ngabersihkeun kokotor nu aya dina sela-sela leungeun jeung sela-sela kuku nu bisa ngahalangan cai nepi ka éta sela-sela kuku jeung sela-sela leungeun.[8] Du'a nalika ngumbah leungeun nyaéta:
اَللٌٰهُمٌَ لَا تُعْطِنِيْ كِتَابِيْ بِشِمَالِيْ
"Ya Allah, ulah maparinan ka kami catetan amal ngaliwatan panangan kénca kami".[8]
Salian ti du'a éta, Rosululloh ngawuwuhan hadits nu aya dina kumpulan hadits Riyādash-Shālihīn II:141 nu hartina "Lamun manéhna ngumbah dua leungeuna, dosa-dosa nu pernah dilakonan ku leungeuna bakal kaluar babarengan jeung nyakclakna cai".[8]
Ngusap sabagéan tina hulu atawa buuk.[6][7] Sunatna mah ngusap sakabéhna, sakumaha dicontoan ku Rosululloh saw. dina hadits riwayat Jamā'ah nu dicutat dina kitab Nail al-Authar I:225 nu hartina "Anjeuna (Rosululloh) mimiti ngusapkeun dua panagana ti bagian hareup mastaka nepi ka punduk, tuluy dibalikeun deui nepi ka bagian tempt anjeuna ngamimitian. (HR Jamā'ah)".[10] Du'a saméméh ngusap mastaka nyaéta
اَللٌٰهُمٌَ حَرٌِمْ شَعْرِيْ وَ بَشَرِيْ عَلَى النٌَارِ وَ اَظِلٌَنِيْ تَحْتَ عَرْشِكَ يَوْمَ لَا ظِلٌَ اِلَّا ظِلٌُكَ
"Ya Allah, haramkeun buuk jeung kulit kami tina seuneu naraka, sarta tangtayungan kami di handap 'Arasy anjeun dina poé nu taya panangtayungan salian ti panangtayungan anjeun (poé Kiamat)".[10]
Ngumbah dua suku nepi ka mumuncangan.[6][7] Leuwih nyunat upama ngumbah sela-sela ramo sukuna dikosokan ku cingir belah kénca ti mimiti suku belah katuhu nepi ka belah kénca.[10]Du'a nalika ngumbah suku nyaéta
اَللٌٰهُمٌَ ثَبٌِتْ قَدَمِيْ عَلَى الصٌِرَاطَ
"Ya Allah,pancegkeun suku kami di luhur sirāth."[10]
Tartib, mangheulakeun nu kudu di tiheulakeun jeung nungtungan nu kudu ditungtungkeun. heulakeun nu katuhu ti batan nu kénca.[6][7] Sakabéh kudu dilakonan kalayan tinurut.[10]
Do'a-do'a nu aya pikeun jadi babacaan nalika abdas, henteu hiji-hiji acan ngarujuk kana hadits Nabi saw.[12] Do'a-do'a kasebut sumberna ti para ulama salaf kalayan versi nu mangrupa-rupa.[12] Anapon kitu, para ulama sapamadegan yén maca du'a-du'a kasebut nyaéta sunnah. Éta diterangkeun ogé ku Imam Nawawī dina kitab al-Adzkār.[12]
اَللّٰهُمَّ اسْقِنِيْ مِنْ حَوْضِ نَبِيِّكَ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ كَأْسًا لَا اَظْلَمَأُ بَعْدَهُ اَبَدًا
"Ya Allah, paparinan cai leueut ka kami tina leuwi Nabi anjeun saw. nu sagelasna kami bakal moal haus deui salawasna"
اَللّٰهُمَّ لَا تَحْرِمْنِيْ رَائِحَةُ نَعِيْمِكَ وَ جَنَّاتِكَ
"Ya Allah, tong anjeun haramkeun kami ngambeu seungitna nikmat jeung Surga anjeun"
اَللّٰهُمَّ اجْعَلْنِيْ مِنَ الَّذِيْنَ يَسْتَمِعوْنَ الْقَوْلَ
"Ya Allah, jadikeun kami sabagéan tina jalma-jalma nu mirengkeun piwuruk"