Aki nyaéta sesebutan ka ramanabapa atawa indung urang; éyang pameget.[1][2] Ogé sesebutan ka pala putra ti rakana indung-bapa urang, sok disebut ogé kakang.[3]Aki dipaké ogé nyebut ka dulur atawa sadérék ti aki urang, sesebutan aki nunjul ogé ka batur atawa deungeun anu umurna geus kolot pisan.[2] Dina basa Batawi mah aki disebut engkong.[4]
Disababaraha daérah sesebutan pikeun aki téh henteu sarua, saperti: Opa (Indonésia Wétan),Ayahnek (Minangkabau), Datuk (Melayu), Mbah / Éyang (Jawa), Opung (Batak), Pekak (Bali), Papuq (Lombok), Bue (Dayak Ngaju), Aki / atok / tok (Kepulauan Riau), busyik (Acéh).[5][2]Dina hubungan duduluran, aya anu saluhureun ti urang aya ogé anu sahandapeun ti urang, cindekna ayana sesebutan dina nyebutkeun diri urang jeung batur atawa aya hiji sistim sesebutan dina kahirupan sapopoé pikeun ngécéskeun tempatna séwang-séwangan.[6] Élmu pangaweruh anu nalungtik ngeunaan sékésélér kulawarga atawa pancakaki ieu disebutna genealogy .[7]
↑ abcDibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN9793631937.Ditempo ping 29 Septémber 2017
↑Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.Ditempo ping 29 Septémber 2017
↑Abu, Rifai (1977). Adat dan upacara perkawinan Daerah Khusus Ibukota Jakarta. Universitas Michigan: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Pusat Penelitian Sejarah dan Budaya, Proyek Penelitian dan Pencatatan Kebudayaan Daerah. p. 42.Ditempo kaping29 September 2017
↑Suganda, Dadang (2011). Politik jati diri urang Sunda dalam memperkuat pembangunan karakter bangsa. Jakarta: IndonesiaTera. p. 28. ISBN9786028795326.Ditempo kaping 29 Séptember 2017