Suweng ; anting téh basa kasarna tina perhiasan awéwé nu sok dipasang dina ceuli kénca-katuhu, ari basa lemesna téh sumer, sumber atawa kumbu[1]. Suweng kecap séjénna nyaéta anting[1]. [2]
Salaku aksésoris suweng kudu dipilih sacara bener sangkan bisa nambahan kaéndahan tina penampilan[3]. Rupa-rupa wangun unik jeung rupa-rupa bahanna, digabungkeun jeung warna-warna anu cerah nambahan daya irut tina suweng[3].
Sangkan penampilan urang leuwih alus, lian ti nyaluyukeun jeung suasana anting ogé disaluyukeun jeung wangun beungeut pamaké[3].
Beungeut anu buleud jeung katingalina simetris sangkan teu katingali leuwih buleud, kudu di singkahan maké anting anu buleud utamana modél loop earing atawa suweng buleud nyaéta anting leutik anu langsung napel kana daun ceuli[3].Pilih anting anu wangunna segi panjang, pasagi, segitilu, atawa oval anu manjang ka handap sangkan katingali leuwih langsing[3].
Jang anu beungeutna pasagi katingalina heuras atawa kaku, rahangna katingali jelas jeung tarang anu sarua legana jeung pipi nepi ka jiga kotak[3]. ku sabab kitu, singkahan maké anting anu wangunna pasagi atawa wangun séjén anu miboga loba sudut[3]. Wangun anting anu panjang teuing kudu disingkahan ogé sangkan beugeutna teu katingali panjang beungeutna[3].Suweng anu buleud gedé, lonjong, atawa modél tumpuk bisa mantuan melunakkan sudut dina beungeut anu pasagi[3].
Wangun beugeut nu kieu katingali leuwih leutik di bagian handap jeung seukeut dina gado[3]. pikeun anu wangunna kawas kieu leuwih alus lamun maké anting anu wangunna ngaleutikan di bagian handap kawas segitilu tibalik, wangun haté, atawa wangun tetes cai anu tibalik[3]. Leuwih alus maké anting buleud, pasagi, oval, segitilu anu sukeut di luhurna, atawa tetes cai[3]. Wangun-wangun anting anu geus disebutkeun tadi bisa narékahan sangkan beugeut pamakéna katingalina ngeusi jeung saimbang[3].
Mangrupa wangun beungeut anu idéal nu loba dipikahayang ku kabéh awéwé, teu pati buleud ogé teu pati kaku atawa kotak modél kawas kieu, bisa maké sakabéh wangun ating[3].
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |