Rupi-rupi lalaban sareng sambel tarasi

Lalab nyaéta dangdaunnan, pupucukan, bungbuahan d.a. nyalinyit, kemir, daun kacang nu dipaké deungeun dahar jeung didaharna atah; ting. Seupan; konéng joho atawa konéng temen ogé sok dilalab.[1]. Lalab mangrupa kadaharan khas Sunda.[2] Ayeuna mah umumna dina lalab téh aya bonteng, salada, buncis, kacang panjang, tomat, leunca, kemangi,jeung terong. Kadang jenis sayuran anu ahéng dipaké ogé keur lalab, saperti peuteuy jeung jengkol.[3] Cara ngadahar lalab téh dicocolkeun kana sambel tarasi umumna langsung dina coét. Ayeuna mah lalab téh geus kasohor di Indonesia. Biasana pikeun deungeun sangu saperti hayam bakar atawa goreng, pais atawa pepes, pecel lélé, jeung rupa-rupa beuleum lauk atawa goreng jeung sajabana. Masarakat Sunda anu perenahna di Jawa Kulon miboga budaya jeung pangaweruh anu paheut jeung alam sabudeureuna. Salain pikeun kadaharan lalab téh miboga manfaat nyaéta pikeun kaséhatan. Lalab miboga fungsi pikeun sumber énérgi. Zat-zat anu nyangkaruk dina lalab nyaéta karbohidrat, lemak, protéin, vitamin, jeung mineral.[4] Lalab lain ngan saukur pikeun coél sambel wungkul tapi bisa diolah jadi kadaharan anu anyar. Sababaraha kadaharan anu bahan dasarna tina lalab nyaéta karédok, pencok, loték, reuceuh jeung ulukutek.

Bagian tutuwuhan pikeun jadi lalab

  1. Roay peda jeung roay kurupuk
  2. Bonténg
  3. Engkol
  4. Gandaria
  5. Gedang
  6. Buni
  7. Kadongdong Cina
  8. Jaat
  9. Jambu bol
  10. Jambu médé
  11. Kangkung
  12. Kacang panjang
  13. Kastuba
  14. Katuk
  15. Leunca
  16. Lobak
  17. Surawung
  18. Baluntas
  19. Saladah cai jeung saladah bokor
  20. Cangkudu
  21. Kosambi
  22. Jongé
  23. Génjér
  24. Marémé
  1. Comrang
  2. Gedang
  3. Kadongdong Cina
  4. Leunca
  5. Surawung
  6. Takokak
  1. Buncis
  2. Hiris
  3. Jaat
  4. Jagong
  5. Pari
  6. Nangka
  7. Waluh siem
  8. Kacang panjang
  9. Gedang
  10. Jéngkol

Lalab di jaman kiwari

Pepelakan anu ti mimiti pucuk, daun, kembang, buah, watang jeung beubeutian miboga mangpaat zat gizi anu alus pikeun kesehatan.[3] Sababaraha lalab miboga peran pikeun nyingkahan panyakit nyaéta di antarana :

Referensi

  1. Danadibrata, R.A. Kamus Basa Sunda PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2006. Halaman 384x
  2. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. a b [1]
  4. Suriawiria Unus, Lalab Dalam Budaya dan Kehidupan Masarakat Sunda. Granesia. Bandung 1987. Halaman 11-12 x
  5. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama ”Lalab”