Nangka
Nangka
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiosperms
(unranked):
Eudicots
(unranked):
Rosids
Ordo:
Rosales
Kulawarga:
Moraceae
Génus:
Artocarpus
Spésiés:
A. heterophyllus
Ngaran binomial
Artocarpus heterophyllus

Nangka mangrupa pepelakan anu asalna ti India sarta sumebar ka wewengkon tropis kaasup Indonésia.[1] Di Indonésia tangkal ieu mibanda sababaraha ngaran di antarana nongko/nangka (Jawa, Gorontalo), langge (Gorontalo), anane (Ambon), lumasa/malasa (Lampung), nanal atawa krour (Irian Jaya), nangka (sunda).[1] Sedengkeun basa deungeuna nyaéta: jacfruit, jack (Inggris), nangka (Malaysia), kapiak (Papua Nugini), liangka (Filipina), peignai (Myanmar), khnaor (Kamboja), miiz hnang (laos), khanun (Thailand), mit (Vietnam).[1]

Rupa-Rupa Nangka

[édit | édit sumber]

Aya rupa-rupa jenis nangka di Indonésia, nyaéta leuwih ti 30 kultivar.[2] Sedengkeun di pulo Jawa aya leuwih ti 20 kultivar.[2] Ku kitu na nangka dikelompokein jadi sababaraha macem, di antarana [2]:

1. Nangka gedé  : luhurna kira-kira 20–30 m; diaméter batang kira-kira 80 cm sarta umur mimiti buahan kira-kira 5-10 bulan.

2. Nangka leutik : luhurna kira-kira 6–9 m; diaméter batang kira-kira 15–25 cm sarta umur mimiti buahan kira-kira 18-24 bulan.

1. Nangka bubur: disebut ogé khanun lamoud (thailand), vela (Srilangka) atawa koozha chakka (India kidul); buahna ipis, beyé rada berserat sarta lembék, beraroma teuas gampang ucul ti buah, rasana asam amis, sarta kaangseu seungit seukeut.

2. Nangka salak: disebut ogé nangka sanggal/celeng (Malaysia), khanun nang (Thailand), varaka (Srilangka), atawa koozha pusham (India kidul), buahna kandel, teuas, rada garing, amis rada pait, sarta teu seungit pisan/aromana kurang teuas.

3. Nangka cempedak: buahna ipis, liat sarta seungit pisan.

Ti sakabéh rupa nangka di luhur anu loba dipelak di Indonésia nyaéta: nangka bilulang atawa nangka celeng, nangka cempedak, nangka dulang, nangka kandel, nangka kunir, nangka beureum, nangka salak, nangka mini, jeung nangka misin.[2]

Mangpaat Nangka

[édit | édit sumber]

Sawatara mangpaat nangka di antarana:

1. Ngaronjatkeun kaséhatan saluran pencernaan Buah nangka bisa mulihkeun nyeri lambung sarta serat nangka bisa ngalancarkeun miceun.[3] Ku kituna, nangka bisa nyegah timbulna kanker peujit.[3]

2. Nguatkeun sistem imun Buah nangka ngandung vitamin C anu miboga fungsi minangka antioksidan pikeun nyegah flu sarta infeksi.[3]

3. Nyegah panyakit kanker Buah nangka ngandung fitonutrien kawas lignan, isoflavon, sarta saponin anu bisa nyegah timbulna panyakit kanker.[3]

4. Nurunkeun tekanan darah Buah nangka ngandung potassium (kalium) anu penting pikeun ngajaga kasaimbangan cairan awak sarta eletrolit.[3] Ku kituna, bisa méré mangpaat positif pikeun pangaturan tekanan darah, bisa ngurangan resiko serangan jantung jeung stroke.[3]

5. Pikeun indra panempo Kandungan vitamin A dina buah nangka baris ngajaga kaséhatan panon. Sajaba ti éta, vitamin ieu ogé penting pikeun ngajaga kaséhatan kulit sarta membran mukosa (contona dina irung) sarta ngaronjatkeun fungsi sistem imun.[3]

6. Panambah énérgi Buah nangka bisa jadi panambah énérgi alatan ayana kandungan gula kawas fruktosa jeung sukrosa. Buahna anu hipu, amis, sarta lemes bisa mulihkeun énérgi.[3]

Rupa Kadaharan

[édit | édit sumber]
Nangka

Kolek Cau Nangka

Bahan:[4]

Cara nyieun:[4]

Gudeg Nangka

Bahan:[5]

Cara Nyieun:[5]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c Nangka Archived 2012-04-17 di Wayback Machine
  2. a b c d e f Rupa Nangka Archived 2011-10-11 di Wayback Machine
  3. a b c d e f g h Mangpaat Nangka
  4. a b Kolek Cau Nangka
  5. a b Gudeg Nangka