Huni | |
---|---|
Buah huni anu asak | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta
|
Kelas: | |
Ordo: | Malpighiales
|
Kulawarga: | Phyllanthaceae
|
Tribus: | Antidesmeae
|
Subtribus: | Antidesminae
|
Génus: | Antidesma
|
Spésiés: | A. bunius
|
Ngaran binomial | |
Antidesma bunius (L.) Spreng.
|
Huni nyaéta ngaran tangkal jeung bubuahan, buahna raranggeuyan, gedéna 1 cm, wangunna aya nu buleud aya nu lonjong, warnana hejo saupama asak robah jadi warna ungu semu hideung.[1] Daunna kaasup daun tunggal, bentukna lonjong, panjangna 9–25 cm, sisina rata, tungtung daunna seukeut.[1][2] Warnadaun ngorana hejo ngora, sanggeus kolot robah jadi hejo kolot.[1] Huni sumebar di Asia Tenggara jeung Ustrali, di Jawa tumuwuh liar di leuwung atawa dipelak di buruan imah.[1]
Huni ngandung gizi jeung fitonutrien anu luhung.[3] Buah huni ngandung vitamin C, provitamin A, vitamin B1, vitamin B2, vitamin E, mineral, zat beusi, fosfor, photasium/kalium, jeung serat.[3] Kulit watang anu rasana kesed ngandung racun alkaloida.[1]
Buah huni alus pikeun ngajaga kasehatan panon sabab ngandung vitamin A anu luhung, bisa ngalancarkeun saluran pencernaan tur nyingkahan konstipasi, mangrupa antioksidaan, mangpaat pikeun nyageurkeun deg-degan jantung, anemia, darah tinggi.[3] Rasa buahna anu haseum mangpaat pikeun ngaluduhkeun kesang, ngaleungitkeun racun, ngaleungitkeun haus, sarta ningkatkeun sirkulasi getih.[1] Buah anu asak miboga hasiat pikeun nambahan cai susu indung.[2] Daunna bisa dipaké pikeun nutupan raheut.[2]
Buah huni biasana dijieun rujak, dijieun sirop , atawa selé.[1] Daunna anu ngora rasana semu haseum bisa dipaké lalab atawa disayur.[1][2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |