Selada Air | |
---|---|
Nasturtium microphyllum, Selada Air | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | Brassicales
|
Kulawarga: | Brassicaceae
|
Génus: | Nasturtium R. Br.
|
Spesies | |
Nasturtium microphyllum (Boenn.) Rchb. |
Saladah cai (Nasturtium officinale, N. microphyllum; saméméhna Rorippa nasturtium-aquaticum, R. microphylla) nyaéta tutuwuhan cai anu asalna tina kulawarga Brassicaceae. Saladah cai gancang ngarekahan, hirup disisi cai utamana cai anu palid tur hérang.[1] Saladah cai dimangpaatkeun pikeun lalab jeung bahan sayuran.[2] Ieu tutuwuhan lain pituin ti nagara urang, tapi ti wewengkon Éropa jeung Amérika.[1]
Sagigireun dimangpaatkeun pikeun lalab jeung sayureun, saladah cai dipikanyaho mibanda kandungan sulfur, nitrogen, jeung yodium. Saladah cai anu dikonsumsi gedé mangpaatna pikeun mersihan getih dina awak sagigireun éta mangrupa tonic pikeun ngubaran gangguan liver jeung ginjal.[3]
Saladah cai mibanda asam folat, mangpaat pikeun ngurangan risiko spina bifida ka jabangbayi ogé ngaronjatkeun katahanan sistim saraf jeung sél getih ka indung jeung anakna.[4] Di Nagara Éropa, saladah cai geus ngabantu ngurangan risiko panyakit anu bahaya kayaning : jantung, stroke, katarak jeung rupa-rupa kangker.[4][5]
Citakan:Tumbuhan-stub
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |