Leunca | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Solanales
|
Kulawarga: | Solanaceae
|
Génus: | Solanum
|
Spésiés: | S. nigrum
|
Ngaran binomial | |
Solanum nigrum | |
Subspésiés | |
S. nigrum subsp. nigrum |
Leunca (Solanum nigrum) ngaran hiji spésiés tutuwuhan dina genus Solanum, pituin Eurasia nu disebarkeun ka Amérika jeung Australasia, tumuwuh liar, jangkungna 30–120 cm, daunna rérégéan, panjangna 4-7,5 cm. Buahna buleud sababaraha dina sagagang, kelirna héjo (ngora) nepi ka hideung (kolot), sok didahar pikeun lalab.[1]
Leunca nu héjo kénéh jeung daunna anu geus kolot ngandung glikoalkaloid antukna ngandung racun mun didahar atah. Toksisitasna teu sarua, gumantung galurna[2]. Najan jarang pisan nepi ka parna karacunanana, kungsi aya laporanana. Racunna téh cenah asalna tina solanin[3].
Di Tatar Sunda jeung India, leunca biasa dipelak jeung dilalab. Olahan nu paling kawentar nyaéta karédok leunca.
Masarakat loba nu nganggap leunca téh kaasup afrodisiak.
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Solanum nigrum. |
Artikel ngeunaan tutuwuhan ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |