Folklor nyaéta adat istiadat tradisional jeung carita ra’yat nu diwariskeun sacara turun-tumurun tapi heunteu dibukukeun; élmu adat istiadat tradisional jeung carita rahayat anu henteu dibukukeun.[1] Sacara étimologi folklor asalna tina kecap folk jeung lore.[2] Folk hartina kolétif atawa ciri-ciri fisik jeung kabudayaan nu sarua dina masarakat, sedengkeun nu dimaksud lore nyaéta tradisi tina folk.[2]
Numutkeun Danandjaja foklor nyaéta sakelompok jalma nu miboga ciri-ciri fisik, sosial, jeung kabudayaan nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok lianna.[2]
Harti folklor sacara umumna nyaéta sabagéan kabudayaan hiji koléktif nu sumebar tur diwariskeun sacara turun-tumurun di antara koléktif naon waé, sacara tradisonal dina vérsi nu béda boh dina wangun lisan boh dina wangun conto nu dibarengan ku isarat atawa hal naon waé sangkan teu gancang poho (mnemonic device).[3]
Numutkeun Soeryawan, folklor nyaéta wangun kasenian nu lahir ti masarakat tur sumebar di masarakat.[4] Ciri tina ieu seni budaya mangrupa ébréhan pangalaman manusa nu has dina wangunna éstétis-atistis.[4]
Numutkeun Rusyana foklor téh mangrupa bagéan tina carita nu geus lila hirup dina tradisi hiji masarakat.[4]
Sedengkeun numutkeun Iskar dina H.U. Pikiran Rakyat (22 Januari 1996) folkor nyaéta kajian kabudayaan rahayat leutik boh unsur matéri boh unsure nonmatéri.[4] Éta kajian museur kana masalah kapercayaan rahayat, adat istiadat, pangaweruh rahayat, basa rahayat (dialék), sastra rahayat, kasenian rahayat, sarta pakéan rahayat.[4]
Folklor mangrupa salah sahiji kabeungharan sastra heubeul.[4] Ieu sastra folklor mekar sanggeus William John Thoms, salah saurang ahli kabudayaan ti Inggris ngabéwarakeun artikelna dina majalah Athenaeum No. 982 tanggal 22 Agustus 1846 kalawan sandi asma Ambrose Merton.[5]
Dina éta majalah Thoms nyieun istilah folklor pikeun kasopanan Inggris, tahayul, balada, jeung ngeunaan hal-hal dina mangsa katukang nu saméméhna disebut antiquities, popular antiquities, atawa popular literature.[5]
ti saprak harita, folklor jadi istilah anyar dina kabudayaan.[5] Tapi dina taun 1865 E.B. Taylor ngawanohkeun istilah culture kana basa Inggris.[5] Éta istilah mimiti diwanohkeun dina karanganana kalawan judul Researches into the Early History of Mankind and the Development of Civilization.[5]
Alatan hal éta, istilah culture diidéntifikasikeun jeung kabudayaan dina umumna, sedengkeun istilah foklor ngan ngawengku kabudayaan nu sumebar sacara lisan wungkul.[5]
Di sawatara nagara, masih kénéh aya nu ngagunakeun istilah lain pikeun foklor saperti di Prancis nu ngagunakeun tradision populair, sarta di nagara-nagara Eropa lianna nu ngagunakeun istilah volkskunde jeung fol-liv (folk life).[5]
Foklor tangtuna waé béda jeung kabudayaan lianna, ku lantaran miboga karakteristik atawa cicirén nu tangtu.[6]
Numutkeun Danandjaja 1997, ciri-ciri utama folklor nyaéta:
Folklor nu aya dina hirup kumbuh masarakat Sunda sarua jeung folklor di daérah lianna nu ngawengku folklor lisan (verbal folklore), folklor satengah lisan (partly folklore), jeung foklor lain lisan (nonverbal folklore).[4]
Numutkeun Rusyana (1976) folklor lisan atawa sastra lisan miboga kalungguhan minangka kabeungharan budaya hususna kabeungharan sastra; minangka modal aprésiasi sastra lantaran sastra lisan geus bisa ngarahkeun masarakat nepi ka bisa ngaprésiasi sarta weruh kana ide jeung hal-hal puitik dumasar prakték nu geus jadi tradisi; minangka dasar komunikasi antara nu nyipta jeung masarakat dina harti ciptaan dumasar sastra lisan.[4]
Mite nyaéta carita nu miboga kasang tukang sajarah, dipercaya ku masarakat minangka carita nu bener-bener kajadian sarta dianggap suci jeung di jerona loba hal-hal goib.[8] Biasana tokoh dina ieu carita nyaéta déwa-déwi.[8]
Legénda nyaéta carita rayat bihari nu aya patalina jeung sajarah.[8] Di jerona aya kajadian-kajadian nu dibayangkeun aya dina sajarah.[4] Biasana kajadianana ogé lain hal nu biasa.[4]
Dongéng nyaéta babad beunang ngaréka, babad karangan anu heunteu kajadian saenyana anu mohal jadina.[9] Rusyana nétélakeun yén dina sastra Sunda, dongéng bisa dipasing-pasing jadi:[4]
Carita nu lalakonna manusa nu laku lampahna dianggap miboga mangpaat pikeun hiji kelompok masarakat.[4] Masarakat nganggap tokoh éta carita salaku karuhun saperti sesepuh nu geus tilar dunya sarta éta sesepuh téh dipihurmat.[4]
Carita nu lalakonna manusa nu sanggeus tilar dunya tuluy robah jadi sato kajajadén.[4]
Carita nu tokoh utamana atawa tokoh lianna ngan saukur mangrupa benda nu dianggap hiji asal-usul ngaran atawa kaayaan.[4]
Dongéng nu palaku utamana nyaéta dedemit atawa siluman.[4] Biasana ieu dedemit téh ngahukum manusa nu ngarempak hiji larangan di hiji tempat.[4]
Sajak atawa puisi rayat nyaéta kasusastraan rayat nu geus tangtu wangunna, biasana diwangun ku sababaraha kalimah, aya nu dumasar kana mantra, panjang pondokna hiji kecap, alon henteuna tekenan sora, atawa ngan dumasar kana iramana wungkul.[10]
Dina foklor Sunda aya dua wangun puisi Sunda nu bisa disebut arkais nyaéta ajimantra jeung carita pantun.[4] Istilah ajimantra dicutat tina naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis taun 1518, nu hartina sarua jeung mantra kiwari.[4] Sedengkeun puisi dina carita pantun aya dua nyaéta rajah jeung nataan.[4] Rajah nyaéta doa salamet ti juru pantun saméméh jeung sanggeus bagéan carita pantun nu disebut nataan.[4] Conto tina puisi rayat nyaéta pantun, wawacan, jeung jampé.[4]
Wangun foklor Indonésia nu kaasup kana kelompok basa rayat nyaéta logat (dialék) basa Nusantara, misalna logat basa Jawa ti Indramayu nu kapangruhan ku basa Sunda, logat basa Sunda ti Banten, logat basa Jawa Cirebon, jeung logat basa Cirebon Sunda.[11]
Salian ti éta basa rayat di tatar Sunda ogé disebut basa wewengkon, misalna waé basa wewengkon Bogor (topo, sodét, pelanding, jeung sajabana), basa wewengkon Kuningan (ula, téoh, menit, agéh, jeung sajaban), basa wewengkon Banten (cawéné, kotok, dia, jeung sajabana) sarta basa-basa wewengkon lianna.[4]
Ungkapan tradisonal ngawengku paribasa, babasan, papatah, jeung pamali.[4]
Pernyataan tradisional di Indonésia leuwih kasohor ku sebutan teka-teki, contona nyaéta tatarucingan jeung sisindiran.[4]
Nyayian rayat nyaéta salah sahiji genre atawa wangun foklor nu ngawengku kekecapan jeung laguna, sumebar sacara lisan di antara anggota koléktif nu tangtu, wangunna tradisional sarta loba varianna.[12]
Contona nyaéta kakawihan urang lembur (tokécang, eundeuk-eundeukan, ayang-ayagung, prang-pring, bulantok, cing cangkeling, jeung sajabana), kawih gondang, kawih calung, lagu-lagu celempungan, lagu panyawer, lagu pangjampé, jeung sajabana.[4]
Folklor lain lisan bisa dipasing-pasing jadi dua bagéan nyaéta folklor materil jeung folklor lain materil.