Sandiwara atawa carita sandiwara téh nyaéta lalakon-lalakon anu biasa dipintonkeun dina pagelaran sandiwara (tradisional).[1] Biasana lalakon anu dipagelarkeun téh diperankeun ku manusa méh siga wayang orang (wayang wong).[2]

Wanda carita

[édit | édit sumber]

Nilik warnana, carita téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan nyaéta lalakon babad, lalakon wayang, lalakon roman, jeung lalakon desik.[1]

Iwal ti lalakon roman, lalakon-lalakon séjén mah dipagelarkeunana téh maké pamirig gamelan, pikeun mirig ibing atawa gerak para palaku, atawa maréngan suasana adegan carita, utamana waktu keur sedih kingkin pédah nu ngalalakon meunang cilaka atawa dikaniaya. Dina keur kitu, soléloquy biasana sok diwakilan ku kawih sindén. Nurutkeun sawatara katerangan, pagelaran lalakon sandiwara tara maké naskah; unggal pamaén bangun geus apal karakterisasina kumaha lamun dirina jadi anu dina lalakon anu, kaasup igelna jeung wanda sorana. Di antara lalakon roman anu pangpopulérna di kalangan sandiwara nyaéta lalakon Beranak di dalam Kubur, Lalakon Lutung Kasarung, Rangga Wulung nu kagolong kana lalakon babad.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 201. ISBN 9786027785786. 
  2. Setiawan, Ebta. "Arti kata sandiwara - Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Online". kbbi.web.id. Diakses tanggal 2017-12-20.