Pris-prisan nyaéta salah sahiji kaulinan tradisional barudak. Kaulinan ieu diwangun ku dua regu.[1] Unggal regu pada-pada nincak batu, cangkang kerang, atawa tutup limun nu disimpen dina taneuh.[1] Anggota regu lalumpat ka hareup "ngeupanan" sangkan diudag (ditepak) ku regu lawan.[1] Lamun katepak, kudu jadi anggota regu lawan.[1] Lamun batu regu lawan katincak, disebutna "pris", hartina hiji-enol.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |