Dulang

Dulang nyaéta parabot tradisional tina kai, dipaké pikeun wadah dina prosés masak sangu ku cara diseupan. Mimitina dulang dipaké paranti ngarih, satuluyna paranti wadah ngakeul jeung paranti wadah sangu.[1]

Gambaran

[édit | édit sumber]

Dulang dijieun tina kai golondongan ku cara diliangan tapi teu parat (ngalogak), wujudna liangna kawas aseupan anu tibalik.[1] Garis tengahna bagian luhur nyaéta kira-kira 30–45 cm (gumantung kana kai anu dipaké).[1] Jerona liang moal jauh jeung ukuran garis-garis sisina liang.[1] Kandelna sisi liang dulang antara 3,5–5 cm.[1][2]

Dulang tambaga

[édit | édit sumber]

Dumasar kana tutupna aya dua nyaéta aya anu tutupan jeung aya anu euweuh tutupan.[3] Dumasar kana ukuran aya nu gedé aya nu leutik.[3] Dumasar kana gunana aya anu kusus paranti nendeun kadaharan samodél baki.[3] Biasana dulang éta sok dipaké di kalangan Raja anu sok disenut pahar.[3] Wangunna ogé béda jeung dulang anu lainna.[3] Dumasar kana jenisna aya anu sukuan aya anu henteu.[3] Dulang anu aya sukuan biasana dipaké di karajaan.[3] Ukuran diaméterna antara 15–25 cm, jerona 4 cm.[3] Sisina biasana aya ukiran, di tengah-tengahna aya suku dulang anu panjangna antara 3–7 cm.[3] Bagian handap biasana leuwih gedé ti batan anu luhurjeung tengah, diaméterna 10 cm.[3] Sedengkeun dulang anu euweuh sukuan wangunna buleud diaméterna antara 10–20 cm kalayan jerona 4 cm.[3]

Kagunaan Dulang

[édit | édit sumber]

Salain wadah pikeun ngarih keur nyangu dulang ogé dipaké paranti nutu béas ketan jadi ulén, opak, jeung paranti ngalemeskeun kulub sampeu jadi ulén sampeu atawa gegetuk.[1] Dulang dijieun tina awi tina tangkal kalapa, nangka atawa tangkal lainna. Bahan anu alus nyaéta tina tangkal nangka ku sabab ngahasilkeun dulang anu lemes jeung warnana ka konéng-konéngan. Sedengkeun lamun tina tangkal kalapa mah kurang alus ku sasab dulangna bakal kasar.

Dulang dina kabudayaan Sunda

[édit | édit sumber]

Dina kabudayaan Sunda, aya babasan jeung paribasa nu ngandung kecap dulang nyaéta Awéwé téh dulang tinandé, Keur meujeuhna bilatung dulang, Nyaah dulang, salain ti éta aya kekecapan dulang dina wawangsalan.[1]

catetan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g Rosidi,Ajip Spk. 2000.Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Kaca 203-204
  2. Luthfiyani, Lulu (2016). BUDIDAYA IKAN GABUSLuthfiyani. Jakarta: Frasa Lingua. p. 23. ISBN 9786026475275.  Disungsi16 Mei 2024
  3. a b c d e f g h i j k Dulang Tembaga Archived 2011-11-20 di Wayback Machine