Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun[1]. Séjén ti éta, dina istilah karawitan sarua jeung sekar irama merdika nyaéta, wirahma bébas nu kauger ku aturan nu tangtu tur mibanda watek nu ngagambarkeun masing-masing pupuh[2].

Ugeran Pupuh

[édit | édit sumber]

Pupuh téh kauger ku wangun jeung eusina. Dumasar wangunana, pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan. Ari patali eusina, pupuh kudu ngagambarkeun sipatna séwang-séwangan, naha patali jeung kabungah, kasedih, atawa heureuy[3]. Rakitan/ugeran pupuh téh biasa dipaké dina karangan-karangan pondok (dangding, guguritan, jeung rumpaka sawér). Lian ti éta, aya ogé nu makée rakitan pupuh dina karangan panjang atawa naratif (wawacan). Maca wacana puisi dina wangun pupuh téh biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun[4].

Rupa-rupa Pupuh

[édit | édit sumber]

Pupuh aya tujuh welas rupa anu dijéntrékeun ieu di handap.

Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.

Bédana Sekar Ageung jeung Sekar Alit

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
  1. Tujuh Welas Pupuh ti Sundanét.com Archived 2008-01-26 di Wayback Machine
  2. Kosasih, E. (2003). Panglengkep Pangajaran Pupuh. Bandung: CV. Walatra
  3. Suryani, E. (2003). Maher Budaya Sunda. Sumedang. ALQA Print, kc. 39
  4. Iskandarwassid. (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung:CV. Geger Sunten, kc. 119
  5. Suryani, E. (2003). Maher Budaya Sunda. Sumedang. ALQA Print, kc. 40