Pupuh Kinanti mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
- Budak leutik bisa ngapung
- Babaku ngapungna peuting
- Ngalayang kakalayangan
- Néangan nu amis-amis
- Sarupaning bungbuahan
- Naon baé nu kapanggih
- Ari beurang ngagarantung
- Pinuh dina dahan kai
- Disarada patémbalan
- Nu kitu naon ngaranna