Durma mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
- Di mamana penjajah pada marudah
- Lantaran dikiritik
- Ku ahli nagara
- Yén éta lampah jahat
- Tatapi kalah mudigdig
- Ambek-ambekan
- Dasar nu buta-tuli
-
- Moal ngejat sanajan ukur satapak
- Geus dipasti ku jangji
- Mun tacan laksana
- Numpes musuh sarakah
- Heunteu niat seja balik
- Najan palastra
- Mati di medan jurit
- Di mamana si penjajah
- Pada amarah marudah
- Manan kapok anggur gawok
- Najan dipoyok dirojok
- Nagri sabuana
- Umumna nyarela
- Nyempad rosa, politik penjajah
- Tapi nu ngajajah
- Teu pasrah, teu sadrah
- Terus meres, ngahina ngarinah