Puisi nyaéta karangan anu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna henteu lancaran atawa cara basa sapopoé.[1] Puisi Sunda dina wangun heubeul aya : (1) Nungawujud carita, hartina teksna dina wangun puisi tapi eusina ngawujud carita, naratif, saperti pantun jeung wawacan sedengken (2) Teu ngawujudna carita nyaéta mantra ngawengku rajah, singlar, asihan, jampé, jangjawokan, jeung ajian, sisindiran ngawengku paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan, kakawihan, sa'ir ngawengku pupujian jeung sawér, pamungkas pupuh anu ngawengku dangding jeung guguritan.[1]
Puisi téh kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Lamun ngutamakeun diksi, aya istilah diksi puisi anu ngandung harti yén puisi téh ngagunakeun basa anu has, ngurung pilihan kecap, frasa, babandingan anu tara kapanggih dina basa paguneman (sapopoé), ngagedékeun konotasi, nyipta gabungan-gabungan (frasa) anyar, irit ku kecap, ukur déskripsi (dina sajak) nepi ka mindeng ngalantarankeun samar. Ku lantaran carita drama ogé pagunemanana téh aya anu dirakit dina wangun puisi, timbul istilah drama puisi. Lian ti éta, timbul istilah licencia poetika anu ngagambarkeun yén dina makéna wangun kecap téh keur panyajak mah diwenangkeun "ngarempak" anu ilahar. Kabeungharan puisi Sunda réa rupana, aya anu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya anu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita: rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampé, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan), kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian, sawér, jsté.), pupuh (dangding, guguritan). Nu kaasup puisi anyar sajak (kiwari pangproduktipna).[2]
Ieu di handap salah sahiji puisi Sunda karyana Chye Retty Isnendes.[3]
Conto lianna: