Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
Ucing | |
---|---|
Rupa-rupa ragam ucing doméstik | |
Status konservasi | |
Status konservasi: Doméstik
| |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Animalia |
Filum: | Chordata |
Kelas: | Mammalia |
Ordo: | Carnivora |
Subordo: | Feliformia |
Kulawarga: | Felidae |
Subfamili: | Felinae |
Génus: | Felis |
Spésiés: | F. catus[1]
|
Ngaran binomial | |
Felis catus[1] Linnaeus, 1758
| |
Sinonim | |
Felis lybica invalid junior synonym |
Ucing (Basa Indonésia:Kucing) nyaéta mamalia karnivora leutik.[1][2] Ucing ilaharna jadi sato ingu pikeun manusa, boh minangka sato cocoeun atawa pikeun nyingsieunan beurit. Ieu sato geus dalit jeung manusa sahenteuna salila + 9.500 taun[3].
Minangka prédator, ucing moroan leuwih ti saréwu spésiés sasatoan pikeun kadaharanana. Ucing mah calakan tur bisa dilatih pikeun nurutan paréntah anu gampil.
Gumantung kana spésiésna, awak ucing beuratna 2,5 – 7 kg. Tapi, sababaraha spésiés budidaya, misalna Maine Coon, bisa nepi ka 11,3 kg. Mangkaning mun parabna keleuwihan mah beuratna bisa nepi ka 23 kg. Sabalikna, aya ogé ucing pangleutikna nu kungsi kalaporkeun beuratna kurang ti 1,8 kg[4].
Sakumaha mamalia lianna, ucing miboga tujuh cervical vertebrae, tilu welas thoracic vertebrae (manusa boga salosin), tujuh lumbar vertebrae (manusa boga lima), tilu sacral vertebrae (manusa boga lima sabab bipedal), sarta 22/23 caudal vertebrae (manusa boga 3-5, ngahiji jadi coccyx).
Dumasarkeun kana kaayaan buluna ras ucing kabagi 5 bagian nyaéta [5] :
Bulu pendék
Dina kabudayaan Sunda, aya babasan jeung paribasa nu ngandung kecap ucing saperti ngabudi ucing, kawas ucing gering, kawas ucing jeung anjing, heunceut ucingeun.
Dina carita Sunda ogé aya carita ngeunaan ucing saperti "candramawat", nyaéta ucingna Nini Anteh anu aya di bulan.
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan: Cat |