Runtuyan tulang tonggong manusa ditempo ti gigir

Dina anatomi manusa, tulang tonggong hartina kolom nu disusun ku vertebrae, sacrum, cakram invertebral, jeung coccyx di bagian dorsal torso, anu dipisahkeun ku cakram tulang tonggong. Ieu kolom téh ngimahan saraf dina kanal tulang tonggong.

Kurva

[édit | édit sumber]

Tulang tonggong dibagi kana sababaraha kurva luyu jeung perenahna: beuheung, dada, cangkéng, jeung imbit.

Babagian (kurvatur) tulang tonggong

Ngaran-ngaran vertebrae

[édit | édit sumber]

Unggal vertebrae dingaranan luyu jeung perenahna, ti luhur ka handap

Beuheung (sandina 'C' tina cervical) – 7 vertebrae (C1-C7)

Dada (sandina 'T' tina thoracic) – 12 vertebrae (T1-T12)

Cangkéng (sandina 'L' tina lumbar) – 5 vertebrae (L1-L5)

Imbit kabagi dua:

Kanal tulang tonggong

[édit | édit sumber]

Kanal tulang tonggong (vertebral canal) nuturkeun kurva-kurva dina kolom; gedé bentuk segi tiga di bagian kolom anu bisa ojah loba, kayaning dina beuheung jeung cangkéng; leutik bentuk buleud di bagian dada anu teu bosa loba ojah.

Rujukan

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]