Tangkorak manusa (ti hareup)

Tangkorak atawa tangkorék mangrupa wangun tulang nu ngabentuk hulu dina lolobana sato nu guna utamana pikeun ngabentuk beungeut jeung mungkus uteuk. Sato nu boga tangkorak disebutna Craniata. Tangkorak diwangun ku dua bagian: cranium jeung mandible atawa rahang handap. Tangkorak nu geus euweuh rahang handapan disebutna cranium.

Ngabungkus uteuk téh ukur salah sahiji guna tangkorak. Jarak antarpanon nu penting pikeun sawangan stéréoskopik ogé ditangtukeun ku tangkorak. Kitu ogé perenah ceuli nu penting dina pangiraan arah jeung jarak sora, ditangtukeun ku tangkorak. Di sababaraha sato, tangkorak ogé boga guna salaku taméng (misalna domba nu perlu kakuatan tangkorak pikeun nunjang tandukna.

Tangkorak manusa

Tangkorak manusa (ti gigir)

Tangkorak manusa galibna diwangun ku 22 tulang. Iwal cacapék handap, sakabéh tulang tangkorak 'dikaput' dina pola anu kaku antukna ojahna ngan saeutik pisan. Bungkus uteuk (neurocranium, batok tangkorak nu ngajaga uteuk jeung medulla oblongata). Sésana anu opat welas ngabentuk splanchnocranium, tulang nu ngawangun raray.

Baca ogé

Rujukan

Tumbu kaluar

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
Tangkorak