Schweizerische Eidgenossenschaft Confédération suisse Confederazione Svizzera Confederaziun svizra Confoederatio Helvetica Konféderasi Swiss |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto Unus pro omnibus, omnes pro uno (tradisional) (Latin: Hiji pikeun sadaya, sadaya pikeun hiji) |
||||||
Lagu Swiss Psalm |
||||||
Lokasi Suis (héjo) di buana Éropa (kulawu kolot) — [Legenda] |
||||||
Ibu kota | Bern[note 1] (de facto) | |||||
Kota panggedéna | Zurich | |||||
Basa resmi | Jérman (63.7 %), Perancis (20.4 %), Italia (6.5 %), Roma[1] (0.5 %) |
|||||
Démonim | Swiss | |||||
Pamaréntah | Républik féderal, kalawan sistem arahan jeung démokrasi langsung | |||||
- | Déwan Féderal | Viola Amherd (Présidén) Karin Keller-Sutter (Wakil Présidén) Guy Parmelin Ignazio Cassis Albert Rösti Elisabeth Baume-Schneider Beat Jans |
||||
- | Kanselir Féderal | Viktor Rossi | ||||
Kamerdékaan | ||||||
- | Kaping pawangunan | 1 Agustus[note 2] 1291 | ||||
- | de facto | 22 Séptémber 1499 | ||||
- | Diakuan | 24 Oktober 1648 | ||||
- | Diréstorasi | 7 Agustus 1815 | ||||
- | Nagara féderal | 12 Séptémber 1848[2] | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 41.285 km² (ka-133) 15.940 mil² |
||||
- | Cai (%) | 4,2 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2010 | 7.866.500[3] (ka-95) | ||||
- | Sénsus 2000 | 7.452.075 | ||||
- | Kapadetan | 188 /km² (ka-65) 477,4 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $321,898 milyar[4] | ||||
- | Per kapita | $45.265[4] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $512,065 miliar[4] | ||||
- | Per kapita | $75.835[4] | ||||
Gini? (2000) | 33,7 (sedeng) | |||||
HDI (2010) | 0.874[5] (luhur pisan) (ka-13) | |||||
Mata uang | Franc Swiss (CHF ) |
|||||
Zona wanci | CET (UTC+1) | |||||
- | Usum panas (DST) | CEST (UTC+2) | ||||
TLD Internét | .ch | |||||
Kode telepon | +41 |
Suis (Basa Jérman: die Schweiz,[note 3] Basa Prancis: la Suisse, Basa Itali: Svizzera, Romansh: la Svizra), resmina Konféderasi Suis (Lat.: Confœderatio Helvetica, ku kituna dina ISO boga sandi nagara CH jeung CHE), nyaéta républik féderal nu diwangun ku 26 kanton, kalawan puseurna di Bern. Ieu nagara perenahna di Éropa Kulon[note 4], dikuriling ku Jérman (kalér), Prancis (kulon), Itali (kidul), sarta Austria jeung Liechtenstein (wétan).
Suis téh nagara nu kakubeng di darat nu wilayahna sacara géografis kabagi tilu ku Alps, Central Plateau, jeung Jura nu lega sakabéhna 41.285 km2. Pangeusina kira ukur 7,8 juta jalma nu lolobana matuh di Platéau, tempatna kota-kota gedé, di antarana dua kota global jeung puseur ékonomi Zurih (Zürich) jeung Jenéwa (Geneva). Ieu nagara kaasup nagara pangbeungharna di dunya dumasar produk doméstik bruto (PDB) per kapita anu gedéna US$67.384.[4] Zurih jeung Jenéwa salaku kota aya dina réngking kadua jeung katilu salaku kota anu kualitas hirupna punjul.[6]
Konféderasi Suis kungsi lila jadi nagara nétral—teu kungsi ngilu perang sacara internasional ti 1815—malah kakara ngagabung jeung PBB taun 2002. Di Suis loba markas organisasi internasional, di antarana baé Forum Ékonomi Sadunya, IOC, Palang Mérah Internasional, WTO, FIFA, jeung kantor PBB panggedéna kadua. Dina tingkatan Éropa, Suis téh tempat ngadegna European Free Trade Association sarta ngilu kana Schengen Agreement - najan sabenerna ieu nagara téh lain anggota Uni Éropa atawa European Economic Area.
Pangeusi Suis diwangun ku tilu wilayah basa jeung budaya: Jérman, Prancis, jeung Itali. Ku kituna, masarakatna henteu ngabentuk hiji bangsa dina harti étnik atawa jatidiri basa anu ilahar. Kuatna rasa sanagara datang ti saruana kasang tukang sajarah, ajén-inajén (féderalismeu, démokrasi langsung, nétralitas)[7] jeung simbolismeu Alpina.[8] Konféderasi Suis ngadeg 1 Agustus 1291, sarta dipiéling unggal taun salaku Poé Nasional Suis.
Konféderasi Swiss dibagi kana 26 kanton, nyaéta:
|
|
|
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Switzerland ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia | |
---|---|
Définisi kamus ti Wiktionary | |
Buku téks ti Wikibooks | |
Cutatan ti Wikiquote | |
Téks sumber ti Wikisource | |
Gambar jeung média ti Commons | |
Warta ti Wikinews | |
Sumber pangajaran ti Wikiversity |
Tempo ogé Suis di Wikivoyage
Koordinat: 46°50′00″N 8°20′00″E / 46.83333°N 8.33333°E
|
|
|
|
|