Matanitu ko Viti Fijī Ganarājya फ़िजी गणराज्य Republic of Fiji Républik Fiji |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto Rerevaka na Kalou ka Doka na Tui Sieun ka Gusti jeung Hormat ka Ratu |
||||||
Lagu God Bless Fiji |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Suva | |||||
Basa resmi | Inggris, Bau Fiji, jeung Hindi Fiji[1] | |||||
Démonim | Fiji Islander, Fijian | |||||
Pamaréntah | Pamaréntahan Tetepan Militér jeung Républik parleménter | |||||
- | Présidén | Epeli Nailatikau | ||||
- | Perdana Mentri | Frank Bainimarama | ||||
- | Pamingpin GCC | Ratu Epeli Nailatikau | ||||
- | Pupuhu Luhur | Ratu Elizabeth II1 | ||||
Kamerdékaan | ||||||
- | ti Britania Raya | 10 Oktober 1970 | ||||
- | Républik | 28 Séptémber 1987 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 18.274 km² (ka-155) 7.056 mil² |
||||
- | Cai (%) | tiasa teu dipadulikeun | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2009 | 849.000[2] (ka-156th) | ||||
- | Sénsus 2007 | 837.271 jiwa | ||||
- | Kapadetan | 46,4 /km² (ka-148) 120,3 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $3,869 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $4.347[3] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $3,131 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $3.518[3] | ||||
HDI (2010) | 0,669[4] (sedeng) (ka-86) | |||||
Mata uang | Dolar Fiji (FJD ) |
|||||
Zona wanci | +11 (UTC+12) | |||||
- | Usum panas (DST) | (UTC+13[5]) | ||||
TLD Internét | .fj | |||||
Kode telepon | +679 | |||||
1 | Diakuan ku Déwan Ageung Pupuhu Séké. |
Fiji (/ˈfiːdʒiː/ ( dangukeun); basa Fiji: Viti; basa Hindi Fiji: फ़िजी), resmina Républik Fiji[6] (basa Fiji: Matanitu ko Viti; basa Hindi Fiji: फ़िजी गणराज्य[7] Fijī Gaṇarājya), mangrupa hiji nagara kapuloan di Mélanesia di Samudra Pasifik kidul, kira-kira 1,100 nautical miles (2,000 km; 1,300 mi) kalér-wétaneun Pulo Kalér Selandia Anyar. Tatanggina nu pangdeukeutna nyaéta Vanuatu di kulon, Kaledonia Anyar Perancis di kidul-kulon, Kapuloan Kermadec Selandia Anyar di kidul-wétan, Tonga di wétan, Samoa, Wallis jeung Futuna Perancis di kalér-wétan jeung Tuvalu di kalér.
Kalobaannana kapuloan Fiji diwangun tina aktivitas vulkanis nu dimimitian kira-kira 150 juta taun baheula. Ayeuna, sababaraha aktivitas géotérmal masih aya dina kapuloan Vanua Levu jeung Taveuni.[8] Fiji geus didumukan ti milénium kadua SM. Nagara ieu diwangun ti hiji kapuloan nu miboga leuwih ti 332 pulo, nu mana 110 didumukan permanén, jeung leuwih ti 500 pulo leutik. Dua pulo utama, Viti Levu jeung Vanua Levu, miboga 87% ti populasi nu ampir nepi ka 850.000. Ibu kotana nyaéta Suva. Kalobaannana urang Fiji cicing di basisir Viti Levu, boh di Suva atawa padumukan nu lian. Bagian jero Viti Levu jarang dicicingan ku lantaran daratanna.[9]
Dina abad ka-17 jeung ka-18, Walanda jeung Britania ngajelajah Fiji.[10] Fiji mangrupa hiji koloni Britiania nepi ka 1970; panjajahan Britania aya méh hiji abad.[11] Ku lantaran lobana leuweung, mineral, jeung sumber lauk, Fiji mangrupa salah sahiji nu ékonomina pangmekarna di wewengkon kapuloan Pasifik. Kiwari, sumber utama dévisa nyaéta industri pelesir jeung ékspor gula.[12] Mata uang nagara ieu nyaéta Dolar Fiji.
Fiji miboga hiji sistem pamaréntahan lokal nu mana déwan dayeuh jeung kota aya dina kawasa umum Kamentrian Pamaréntahan Lokal jeung Pamekaran Kota.[13] Présidén Ratu Epeli Nailatikau minangka présidén Fiji, sanggeus hiji mahkamah luhur maréntah yén kapamingpinan militér ditetepkeun tampa hukum sanggeus kudéta 2006.[14] Dina Perang Dunya II, Britania Raya ngidinkeun raloba urang Fiji nulungan Sakutu liwat panunggalanna sareng tentara Selandia Anyar jeung Australia. Angkatan Pakarang Républik Fiji (RFMF), diwangun ti unit darat jeung laut.
Fiji dibagi kana Opat Divisi Mayor:
Divisi-divisi ieu dibagi deui kana 14 propinsi:
Fiji dibagi ogé kana 3 Konféderasi Pamaréntahan dina rézim Cakobau, sanajan teu dianggap salaku babagian politis, tapi tetep penting dina babagian sosial:
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Fiji ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia | |
---|---|
Définisi kamus ti Wiktionary | |
Buku téks ti Wikibooks | |
Cutatan ti Wikiquote | |
Téks sumber ti Wikisource | |
Gambar jeung média ti Commons | |
Warta ti Wikinews | |
Sumber pangajaran ti Wikiversity |
Tempo ogé Fiji di Wikivoyage
Koordinat: 18°S 179°E / 18°S 179°E
|
|
|
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |