Meri | |
---|---|
Meri spésiés indian runner sajodo | |
Status konservasi | |
Domesticated
| |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | Chordata
|
Kelas: | Aves
|
Ordo: | Anseriformes
|
Kulawarga: | Anatidae
|
Génus: | Anas
|
Spésiés: | Anas platyrhynchos
|
Subspésiés: | A. p. domesticus
|
Ngaran trinomial | |
Anas platyrhynchos domesticus |
Meri (Anas platyrhynchos domesticus) nyaéta sato ingon; unggas anu hirupna di darat, bisa ngojay, pangawakan kawas soang ngan leuwih leutik.[1] Meri asalna tina kulawarga Anatidae.[2]
Meri geus ilahar diingu pikeun diarah endog jeung dagingna.[3] Meri kasebut ingon-ingon anu hasilna bisa diandelkeun dibarung ku sipatna meri mah henteu gampang katerap hama, bisa dipiara ku jalan diangon (dileupaskeun ka sawah) bisa ogé maké cara intensifikasi (dipiara di jero kandang). [3] Meri ogé henteu hésé mangsa maraban ku lantaran mibanda sipat omnivorus (sagala dihakan) saperti : jujukutan, sayuran, tutut, lauk, beubeutian jeung sajabana.[3][4]
Meri-meri anu kiwari baranahan tur loba dipiara téh turunan tina meri-meri liar anu hirup di alam bébas disebut ogé wild mallard, kajaba éntog (meri Manila) atawa muskovi anu asalna ti Amérika kidul.[3] Anu ngabédakeun meri muskovi jeung meri séjénna taya lian ti ramo-ramona mibanda kuku-kuku anu sareukeut, tur bisa eunteup dina dahan tatangkalan.[3]. Pangawakan leuwih datar (horisontal), leuwih badag, beuratna 3-3.5 kg di tempat asalna ieu meri dipaké pikeun indungan atawa purah nyileungleuman endog meri séjén.[4]
Meri dina basa Inggris disebutna duck kecap duck asalna tina basa Inggris kuno (Anglo-xaxon) ;düce kecap pagawéana jadi ducan anu mibanda harti to duck atawa tungkul ka handap.[2] Ieu ku lantaran nempo kabiasaan kulawarga meri anatidae mangsa keur nyiar kahakanan sok tarungkul teuleum ka jero cai.[2]
Meri mibanda suku leuwih pondok dibandingkeun jeung awakna tur mibanda lamad anu ngalingkupan ramo-ramo sukuna pikeun ngabantu meri bisa manju kalawan gancang mangsa ngojay di luhureun cai.[3] Meri anakna anu kakara megar mibanda bulu-bulu anu lemes.[5] Meri mangrupa unggas anu mibanda sipat aquatic atawa mikaresep kana cai/ngojay.[3] Katempo ogé bulu-bulu anu aya dina awakna kawilang kandel tur semu minyakan matakna cai henteu bisa asup kana awakna.[3]
Meri-meri anu kiwari loba dipiara tur baranahan hususna di Indonesia, ujaring carita cenah baheula meri téh mimitina dibawa ku urang India ka pulo Jawa kurang leuwih dina abad ka VII.[6] Taya lian maranéhna téh pagawé-pagawé anu ditugaskeun pikeun ngawangun candi-candi Hindu/Buda di pulo Jawa.[6] Mangsa harita mah batu-batu anu diéntép jadi wangunan candi téh dirapetna maké endog bobodasna mun kiwari mah Portland Cement (PC).[6] Pikeun nyumponan kabutuhan endog anu sakitu pohara loba, maranéhna mawa sorangan meri-meri endogeun ti nagarana pikeun diingu tur diarah endogna.[6]
Salila ratusan taun meri geus jadi ingon-ingon anu loba diingu ku masarakat, hususna di daérah landeuh anu alus irigasina, deukeut rawa-rawa, situ jeung daérah sisi basisir.[6]
Mangsa kolonial Walanda, kurang leuwih taun 1920 pamaréntah mangsa harita aya andil ogé dina nyebarna meri-meri ka sakuliah Indonesia.[6] Taya lian ngaliwatan pagawé-pagawé kontrak anu ditempatkeun di Sumatra hususna di daérah Deli jeung Lampung.[6] Urang walanda mangsa harita nyebut meri diurang téh Indichie leoopoend (indian runner).[4] Mangsa kamerdékaan, pamaréntah mangsa harita mibanda hiji program pikeun ngaronjatkeun ékonomi masarakat anu katelah RKI (Rencana Kesejahteraan Indonesia).[6] Ieu program téh mibanda tujuan salasahijina pikeun ngaronjatkeun kualitét meri lokal, ku jalan ngadatangkeun meri spésiés Khaki Campbell ti nagara Walanda, ogé Meri Peking anu diimpor ngaliwatan hongkong jeung Singapura.[6]
Meri-meri anu diingu dumasar kana maksudna dibédakeun kana tilu rupa:
Meri anu ngahaja dipiara pikeun diarah endogna (petelur), aya sababaraha spesies meri anu diingu pikeun diarah endogna :[6]
Meri anu ngahaja dipiara pikeun diarah dagingna (pedaging) meri ieu kagolongkeun kana wels harlequin kasohor di Inggris masih kénéh turunan tina meri khaki campbell.[3] Aya sababaraha rupa meri pedaging :[6]
Meri anu dipiara pikeun kabutuhan pangaresep wungkul (hobi), henteu mibanda tujuan pikeun diarah daging atawa endogna, aya sababaraha rupa meri hiasan :[3] [6]
|isbn=
value (bantuan).
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Duck. |