Situ atawa talaga téh nyaéta cai ngaplak di hiji tempat anu lega balukar tina leburna gletser atawa ceuyahna cinyusu (mata air).[1]
Lolobana situ di dunya téh eusina cai tawar jeung ngampar di beulahan bumi béh kalér dina latitude nu leuwih luhur. Dina ékologi, lingkungan situ disebut lacustrine. Situ gedé kadang-kadang disebut "sagara di daratan", sabalikna sagara leutik sakapeung sok disebut situ.
Istilah situ ogé digunakeun keur nerangkeun fitur saperti Situ Eyre nu mangrupa léngkob garing nu kaeusian cai alatan usum hujan nu ngagebrét. [2] Di dunya nagara Finlandia katelah "nagara sarebu situ" jeung Minnesota katelah "wilayah sapuluh rebu situ".
Tina jihat géologis, umur situ téh lolobana mah kaitung ngora kénéh, sabab kaurugan ku prosés alami sarupaning érosi sahingga situna beuki lila beuki déét, atawa situna bedah.
Éropa - Situ Ladoga, terus Situ Onéga, duanana aya di kulon kalér Rusia.
Amérika Kalér - Situ Superior
Amérika Kidul - Lake Titicaca, nu mangrupa kumpulan cai pangluhurna di sakuliah dunya, 3.821 m luhureun cai laut.
Catetan: Situ Maracaibo bisa dianggep minangka situ panglegana di Amérika Kidul. Situ ieu ngampar sarua jeung luhurna cai sagara tur nuluy ka cai sagara, ku sabab éta leuwih hadé disebut teluk.
Situ panggedéna di dunya téh Laut Kaspia. Nu legana 394.299 km.
Situ cai tawar panggedéna jeung panglobana kadua nyaéta situ punjul nu legana 82 414 km.
Situ pangjerona Lake Baikal di Siberia nu jerona nepi ka 1.741 méter (5712 suku).
Situ pangluhurna nu bisa di navigasi nyaéta Lake Titicaca nu uhurna 3.821 m dpl. Lian ti éta, asup kana kategori situ nu caina kadua panglobana di Amérika Kidul.
Situ panghandapna di dunya téh nyaéta Laut Mati, di 396 m di handapeun laut. Lian ti éta, asup kana kategori situ nu mibanda kadar uyah pangluhurna.
Pulo panggedéna di tengah situ nyaéta pulo Manitoulin di situ Huron, nu legana 2.766 km.
Situ panggedéna nu aya di Pulo nyaéta Lake Nettiling dina pulo Baffin.
Situ Toba di pulo Sumatra bisa jadi kawah vulkanik pasif pangbadagna di dunya.[3]