Kukupu
Iphiclides podalirius
Iphiclides podalirius, kukupu ti Aténa.
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Arthropoda
Kelas: Insecta
Ordo: Lepidoptera
Divisi: Rhopalocera
Families
  • Superfamily Hesperioidea:
    • Hesperiidae
  • Superfamily Papilionoidea:
    • Papilionidae
    • Pieridae
    • Nymphalidae
    • Lycaenidae
    • Riodinidae

Kukupu nyaéta insékta hiber tina ordo Lepidoptera nu asup kana salah sahiji superfamili Hesperioidea jeung Papilionoidea (sakur kukupu lianna). Aya ogé ahli nu ngasupkeun kukupu kana superfamili Hedyloidea, ngengat Amérika. Loba pisan kukupu nu mibanda kelir nu ahéng sarta matak hélok. Nalik kacabak ku manusa, urang bakal ngarasakeun ayana tipung nu muruluk tina jangjang kukupu. Mun loba teuing nu murudulna, kamampuh hiberna bakal kaganggud. Masarakat nu ngoléksi atawa nalungtik kukupu (atawa ngenget/geget) disebutna lépidoptéris.

Opat hambalan daur hirup kukupu

[édit | édit sumber]

Endog

[édit | édit sumber]

Endog kukupu diwangun ku cangkang teuas nu disebut korion, lajeng handapeunana korion aya lapisan lilin ipis pikeun ngajaga kalembaban di jero endog. Tiap endog ngandung sababaraha liang nu ngamuara ka hiji lawang, disebutna mikropil; liang ieu dimaksudkeun sangkan spérma asup & ngabuahan endogna. Endog kukupu jeung ngengat ukuranana rupa-rupa gumantung spésiésna, tapi bentukna mah sarua lonyod.

Larva

[édit | édit sumber]

Pupa

[édit | édit sumber]

Kukupu

[édit | édit sumber]
Kukupu Metalmark Lange
Gambar:ButterflyScales.jpg
Kukupu jeung skalana

Insékta nu geus aya dina hambalan sawawa sacara séksual disebut imago. Sakumaha Lepidoptera, kukupu mibanda opat jangjang nu dibungkus ku skala lalembut (tempo foto), tapi teu siga ngengat, jangjang hareup jeung tukangna teu sajangkar, antukna kamampuh hiberna leuwih hadé. Kukupu boga genep suku; larvana ogé boga genep suku (ngan katambahan ku sababarapa pasang suku semu). Sanggeus kaluar tina hambalan pupalna, kukupu can waka bisa hiber alatan jangjangna can mébér, narilep kénéh. Sangkan mébér, jangjangna téh kudu kaaliran heula getih sarta diangin-ainginkeun sangkan garing. Tah, dina mangsa ieu pisan kukupu téh gampang pisan jadi sasaran nu ngamangsa.


Klasifikasi

[édit | édit sumber]

Panduan ngeunaan kukupu

[édit | édit sumber]
Lepidoptera

Rujukan

[édit | édit sumber]

Fotograf tambahan

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.