Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
Incheon 인천시 | ||
---|---|---|
Kota Métropolitan | ||
Kota Métropolitan Incheon | ||
Ngaran Basa Koréa transkripsi | ||
• Hangul | 인천광역시 | |
• Hanja | 仁川廣域市 | |
• Romanisasi nu dirévisi | Incheon Gwang-yeoksi | |
• McCune-Reischauer | Inch'ŏn Kwang'yŏkshi | |
Saarah jarum jam ti luhur: Bandara Internasional Incheon, Stadion Maén bal Incheon, Distrik Nam, Mémorial Incheon, Palabuan Incheon | ||
| ||
Peta Koréa Kidul, Incheon disorot | ||
Nagara | Koréa Kidul | |
Wewengkon | Wewengkon Ibu kota Nasional Seoul | |
Ngadeg | 1105 kalayan ngaran Gyeongwon | |
Sub divisi | Daptar
| |
Pamaréntahan | ||
• Tipe | Kota Métropolitan | |
• Walikota | Yoo jung-bok | |
• Pupuhu Déwan | Ryu Su-yong | |
Lega | ||
• Total | 1.029,43 km2 (39,747 sq mi) | |
Pangeusi (Oktober 2014)[1] | ||
• Total | 2,899,071 | |
• Kapadetan | 0/km2 (0/sq mi) | |
Zona wanci | UTC+9 (Wanci Standar Koréa) | |
Lentong | Seoul | |
Kembang | Eros | |
Tangkal | Tangkal tulip | |
Manuk | Bango | |
Ramatloka | incheon.go.kr |
Inchéon (Hangul: 인천; hanja: 仁川; pronunsiasi basa Koréa: [intɕʰʌn]; saméméhna dilaténkeun Inchon; sacara literal hartina "walungan nu hadé"), ngaran resmina Kota Métropolitan Inchéon, nyaéta hiji dayeuh nu perenahna di béh kalér kulon Koréa Kidul, wawatesan jeung Seoul katut Gyeonggi di lebah wétana. Ieu dayeuh baheulana mah ukur ditempatan ku 4,700 urang nalika palabuan Jemulpo ngadeg taun 1883. Kiwari mah, 2.9 juta jiwa hirup di ieu dayeuh, nyababkeun ieu dayeuh jadi dayeuh pangpadetna katilu di Koréa sanggeus Seoul katut Busan. Salian ti ditempatan ti Jaman Batu Anyar kénéh, kamekaran ieu dayeuh téh dina mangsa modéren mah dirojong ku kamekaran palabuhan alatan kauntungan alamiah minangka hiji kota basisir tur deukeutna ieu dayeuh jeung ibu kota Koréa Kidul. Inchéon jadi bagéan tina Wewengkon Ibu kota Seoul, babarengan jeung Séoulna sorangan katut Propinsi Gyeonggi, nu ngawangun wewengkon métropolotan panggedéna kadua dumasar populasi.
Inchéon geus ngamekarkeun ékonomi Koréa ku dibukana palabuan ka dunya luar, minangka golodogna modérnisasi Koréa nu jadi puseur industrialisasi. Dina taun 2003, ieu kota ditunjuk jadi zona ékonomi bébas Koréa munggaran. Ti harita, pausahaan lokal katut global nu galedé nambahan invéstasina di Zoba Ékonomi Bébas Incheon, kaasup Samsung nu milih Kota Internasional Songdo minangka tujuan invéstasi anyarna keur bio industri.
Minangka kota internasional, Inchéon geus ngayakeun sababaraha kali konférénsi skala internasional, kayaning Inchéon Global Fair & féstival taun 2009. Asian Games Ichéon ka-17 taun 2014 ogé diayakeun di Inchéon dina tanggal 19 Séptémber 2014. Inchéon geus ngadegkeun dirina sorangan minangka puseur transportasi gedé di kalér wétan Asia ku ayana Bandara Internasional Incheon katut Palabuan Inchéon. Ieu kota ogé mangrupa tempat Green Climate Fund, organisasi internasional nu patali jeung masalah lingkungan.
Catetan sajarah munggaran ngeunaan wewengkon Inchéon nyaéta taun 475 M. nalika kakawasaan Raja Jangsu ti Goguryeo kalayan ngaran "Michuhol," nu dianggap perenahna di Pasir Munhak (문학산) kiwari. Ieu wewengkon ngalaman sababaraha kali parobahan ngaran marengan gantina karajaan katut dinasti.
Inchéon kembaran jeung:[2]
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Incheon ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia | |
---|---|
Définisi kamus ti Wiktionary | |
Buku téks ti Wikibooks | |
Cutatan ti Wikiquote | |
Téks sumber ti Wikisource | |
Gambar jeung média ti Commons | |
Warta ti Wikinews | |
Sumber pangajaran ti Wikiversity |