Buntil nyaéta kadaharan anu dijieuna tina pucuk gedang, pucuk sampeu, atawa pucuk taleus.[1] Jerona dieusian ku kalapa beunang marud anu dihijikeun jeung teri, lauk, atawa rebon.[1] Rasana gurih, loyog pisan dipaké deungeun sangu.[2]
Buntil anu kasohon ku ngeunah rasana ti daérahMagelang jeung Yogyakarta.[3] Nyieuna buntil ogé kawilang gampang, anu rada hésé téh mangsa mungkus adonan pikeun eusina.[1][4]
Bahan eusi buntil anu henteu diréndos, kayaning kalapa ngora beunang marud sahulu, dua canggeum atawa 100 gram siki peuteuysélong atawa urang Jawa mah nyebutna malading, jeung 60 gr teri jeung ki.[4]
Kulub daun sampeu atawa daun gedang anu geus diberesihan, di mana geus leumpeuh tuluy baé dijait tur di tuhurkeun.[5]
Galokeun bungbu pikeun eusi buntil nepika rata (parud kalapa, teri, jeung daun jeruk).[5]
Cokot daun gedang beunang nuhurkeun salabar, amparkeun, tuluy tundaan luhurna ku eusi buntil kurang leuwih dua séndok.[5]
Tilep-tilep daun gedang anu geus dieusian bieu, nepika eusina buni henteu katembong.[5] Sangkan henteu leupas deui, tuluy baé dibeungkeut maké kantéh atawa tali rapia.[5]
Saenggeus réngsé dibungkusan eusi buntil, tuluy waé buntil nu geus baruni tadi diseupan salila 30 menit.[5]
Sabot kitu, sayagikeun minyak goréngna: tuluy goréng bungbu anu tadi beunang ngaréndos, asupkeun ogé daunsalam, sabada geus kaangseu seungit.[5] Asupkeun cipatina tuluy galokeun nepika ngagolak, satuluyna asupkeun buntil beunang nyeupan, leutikan seuneuna sangkan bungbuna nyerep, di mana cipatina geus kuled, kakara buntil téh dijait.[5]
↑ abcD. Sastrapradja, Setijati (2012). Perjalanan Panjang Tanaman Indonesia. Depok: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. p. 58. ISBN9789794618301.Ditempo 23 Oktober 2017
↑Gardjito,Amaliah, Murdijati- (2009). Jalan-Jalan Kuliner Aseli Jogja. Yogya: Media Pressindo. p. 64. ISBN9789797880682.Ditempo 23 Oktober 2017
↑Gardjito,Amaliah, Murdijati- (2012). Resep Rahasia Turun Temurun Sumatera, Jawa & Sulawes. Yogyakarta: Galangpress Publisher. p. 114. ISBN9786028696647.Ditempo 23 Oktober 2017
↑ abcdeIndriani, Endang (2015). 90 Masakan Rumahan Untuk Sebulan. Depok: Kawan Pustaka. p. 104. ISBN9789797576295.Ditempi 23 Oktober 2017
↑ abcdefghNurmala, Dwi (2014). Paket Menu Hemat. 9789790822245: DeMedia. p. 8. ISBN9789797576295.Ditempi 23 Oktober 2017
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.