Muncang
Muncang (Aleurites moluccana)
daun, kembang, jeung siki
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Malpighiales
Kulawarga:
Génus:
Aleurites
Spésiés:
A. moluccana
Ngaran binomial
Aleurites moluccana
(L.) Willd., 1805
Kembang muncang

Muncang (Aleurites moluccana), nyaéta tuwuhan anu sikina dimangpaatkeun minangka bahan minyak sarta samara.[1] Tuwuhan ieu masih sabaraya jeung sampeu sarta kaasup kana sélér (suku) Euphorbiaceae. Dina padagangan antarnagara dipikawanoh minangka candleberry, Indian walnut, atawa candlenut. Tangkalna disebut varnish tree atawa kukui nut tree. Minyak anu diperes tina sikina kapaké dina industri pikeun bahan campuran cét sarta dipikawanoh minangka tung oil.[2]


Muncang ayeuna geus sumebar di wewengkon-wewengkon tropis. Luhur tangkal ieu ngahontal kira-kira 15-25 méter. Daunna boga warna héjo sepa. Sikina mibanda garis tengah kira-kira 4–6 cm; Sikina mibanda taméng anu pohara teuas sarta ngandung minyak anu cukup réa, anu matak bisa dipaké pikeun lilin. Buah muncang nu di jerona ngan hiji sikina disebut gandul, di mana jerona dua sikina disebutna dampa.[1]

Muncang mangrupa tuwuhan anu dijadikeun tuwuhan resmi nagara bagian Hawaii.

Pamangpaatan

[édit | édit sumber]
Siki muncang anu geus dipesék tina cangkangna

Budidaya muncang jaman modéren lolobana pikeun ngarah minyakna. Dina saban tangkal baris dihasilkeun kira-kira 30–80 kg siki muncang, sarta kira-kira 15 nepi ka 20% tina beurat kasebut mangrupa minyak. Lolobana minyak anu dihasilkeun dipaké sacara lokal, henteu didagangkeun sacara internasional.

Masalah kaséhatan

[édit | édit sumber]

Siki muncang ngandung racun tapi teu pati kuat daya racunna.[3] Alatan éta henteu dimeunangkeun dahar siki muncang atah-atah. Pamakéan muncang kudu dimimitian ku nyangray nepi ka sikina haneut. Cara ieu baris ngaruksak racunna.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 128. Diakses tanggal 15 Desember 2019. 
  2. Lim, T.K (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media,. p. 467. ISBN 9789048186617. Diakses tanggal (disungsi) 26 April 2021. 
  3. http://www.sallys-place.com/food/cuisines/indonesia.htm Archived 2009-01-22 di Wayback Machine

Tumbu ka luar

[édit | édit sumber]