Bungur | |
---|---|
Bungur gedé Lagerstroemia indica | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta
|
Kelas: | |
Ordo: | Myrtales
|
Kulawarga: | Lythraceae
|
Génus: | Lagerstroemia |
Bungur (Lagerstroemia, /ˌleɪɡərˈstriːmiə/[1]) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga lythraceae.[2] Tangkal bungur ilahar dipelak diburuan pikeun papaés, aya ogé di sisi jalan dimangpaatekun pikeun pangiuh jalan.[2] Kembang beureum kayas, mangsa usum kembangna rampak ligar katempo éndah.[2] Ngarekahkeun tangkal bungur kujalan dipelakeun sikina, anu darah tina buahna sabada usum kembangan, bisa waé direkahkeun kujalan dicangkok.
Aya dua rupa tangkal bungur anu remen dipiara pikeun papaés buruan: bungur biasa/gedé/kebo (L. speciosa), jangkung bisa nepika 8 m, aya ogé bungur jepang (L. faurieri, L. indica, jeung hibrida duanana) leuwih leutik, tangkalna ngarungkun.[3] Bungur gedé loba kapanggih hirup ngahaja dipelak di sisi jalan, pikeun pangiuh jalan ogé bisa jadi papaés jalan utamana mangsa kembangna mangkak ligar. [2]
jmpl|Pohon bungur kebo
|
|
Bacaan lanjutan
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Lagerstroemia . |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |