Usum téh salah sahiji babagian utama taun, biasana mah dumasar bentuk iklim nu lega. Ilaharna sataun kabagi jadi opat usum, nyaéta: usum semi, usum panas, usum gugur, jeung usum tiris. Ngan, di Indonésia mah lantaran nganjrek di daérah tropis, mangka ngan dibagi jadi dua usum wungkul, nyaéta: usum ngijih jeung usum halodo.
Ari baheula di Mesir Kuna mah usum téh kabagi jadi tilu usum, nyaéta: musim caah, usum darurat lantaran caah, jeung usum panunéian nu panas.
Pananggalan | Beulahan bumi | |
---|---|---|
Tropis | ||
April nepi ka Séptémber | usum halodo | |
Oktober nepi ka Pébruari | usum ngijih | |
Lebahan kalér | Lebahan kidul | |
21 Maret-21 Juni | usum semi | usum gugur |
21 Juni-23 Séptémber | usum panas | usum tiris |
23 Séptémber-21 Désémber | usum gugur | usum semi |
21 Désémber-21 Maret | usum tiris | usum panas |