Anjeun kudu ngalakukeun wikifikasi dina hiji artikel sangkan nu maca séjénna gampang pikeun néangan informasi anu aya patalina jeung topik-topik anu séjénna nu dibahas dina éta artikel. Ku cara ngawikifikasi (atawa wikify), hiji kecap bisa diklik sangkan nu maca bisa ningali informasi ngeunaan éta “kecap”.

Carana:
Pikeun ngawikifikasi hiji kecap atawa kumpuan kecap (nyaéta pikeun ngajadikeun hiji kecap atawa kumpulan kecap sangkan bisa diklik), simpen dua kurung siku buka "[[" jeung dua kurung siku tutup "]]" di antara kecap atawa kumpulan kecap anu dimaksud. Ku cara éta lamun kecap "tembang Cianjuran" diketik minangka [[tembang Cianjuran]], mangka kecap “tembang Cianjuran” bakal bisa diklik saperti kieu: tembang Cianjuran.

Conto:

Tembang Cianjuran mangrupa seni vokal Sunda nu dibarengan ku waditra kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.

Lamun ditulisna saperti kieu:

Tembang Cianjuran mangrupa seni vokal Sunda nu dibarengan ku [[waditra]] [[kacapi indung]], [[kacapi rincik]], [[suling]], jeung [[rebab]]. Asalna mah, di tempat borojolna, [[Cianjur]], kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun [[1930]]-an, anu lajeng dikukuhkeun taun [[1962]] dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di [[Bandung]].

Hasilna bakal jadi kieu:

Tembang Cianjuran mangrupa seni vokal Sunda nu dibarengan ku waditra kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.

Katerangan:

Tingali Oge

[édit sumber]