Perhatian: Kaca obrolan (sawala) teu perlu dijieun lamun can aya hal anu perlu dibahas. Lamun aya hal anu perlu dibihas ku saurang pamaké, kakara dijieun kaca obrolan.

Kaca obrolan atawa kaca sawala dipaké pikeun ngadiskusikeun parobahan atawa masalah dina artikel atawa kaca. Sakabéh artikel Wikipedia, kaca pamaké, kaca kawijakan, citakan, jrrd. mibanda kaca obrolan masing-masing. Paké menu Sawala di bagian luhur kaca pikeun ngaksés ieu kaca.

Ngaaksés kaca obrolan

[édit sumber]

Pikeun ngaaksés kaca obrolan, pilih tutumbu anu tulisanna Obrolan atawa Sawala anu aya dina luhureun kaca, perenahna di gigireun tab Édit

Husus pikeun kaca obrolan pikeun pamaké, unggal aya parobahan kana éta kaca mangka éta pamaké bakal meunang notifikasi anu muncul dina unggal kaca. Tanda ieu bakal leungit upama pakaé geus muka kaca obrolanna

Kagunaan kaca obrolan

[édit sumber]

Kaca obrolan tujuanna lain pikeun obrolan biasa. Kaca sawala dina artikel ngan ukur dipaké pikeun topik anu patali jeung upaya-upaya ningkatkeun kualitas artikel anu dimaksud.

Kaca diskusi ogé sacara tegas lain mangrupa forum pikeun paguntreng (debat) ngeunaan isu-isu kontrovérsial. Kaca diskusi mangrupa forum pikeun ngadiskusikeun kumaha hiji artikel ngawengku sakumna puseur sawangan kalawan luyu, sangkan dina ahirna nyumponan kaidah NPOV. Paguntrengan anu mihak teu luyu jeung misi Wikipedia sarta bajal ngahalangan pagawéan utama panulisan ensiklopedia.

Format obrolan/sawala

[édit sumber]

Pikeun ngajaga sangkan kaca bisa dibaca kalawan rapih, pamaké disarankeun pikeun maké tana colon (tanda ":") unggal ngabales pesen ti makaké séjén. Conto:

Artikelna teu aya réferénsian! padahal eusina matak jadi kontrovérsial pisan.--[[Pamaké:Ujang|Ujang]]
:Enya ogé nya, kuring kungsi ngadéngé hal anu sarupa kitu ti batur, engké urang néangan heula dina google --[[Pamaké:Lilis|Lilis]]
::Sim kuring meunang yeuh [http://foo.bar] cék heula wéh dina éta tutumbu, tapi sumberna sigana teu pati panceg, nya? --[[Pamaké:Cecep|Cecep]]
:::Ceuk kuring mah sumberna hadé --[[Pamaké:Ujang|Ujang]]

Kode di luhur bakal ngahasilkeun wangun saperti kieu:

Artikelna euweuh réferénsian! padahal eusina matak jadi kontrovérsial pisan.--Ujang

Enya ogé nya, kuring kungsi ngadéngé hal anu sarupa kitu ti batur, engké urang néangan heula dina google --Lilis
Sim kuring meunang yeuh [1] cék heula wéh dina éta tutumbu, tapi sumberna sigana teu pati panceg, nya? --Cecep
Ceuk kuring mah sumberna hadé --Ujang

Aturan dasar maké kaca obrolan

[édit sumber]

Sababaraha aturan anu perlu diinget dina waktu nulis dina kaca obrolan, nyaéta: