Poé Waisak taun 2555

Waisak atawa Waisaka (Pali; Sanskrit: Vaiśākha वैशाख) nyaéta hiji poé suci agama Buddha. Waisak ogé disebut Visakah Puja atawa Buddha Purnima di India, Saga Dawa di Tibet, Vesak di Malaysia jeung Singapura, Visaka Bucha di Thailand jeung Vesak di Sri Lanka. Ngaran-ngaran ieu dicokot tina bahasa Pali "Wesakha", nu aya kakaitana jeung "Waisakha" tina bahasa Sanskerta.[1] Di sababaraha tempat disebut ogé minangka "Poe Buddha".

Waisak dirayakan dina sasih Méi waktu caang bulan 14 (purnama sidhi) minangka pangeling-ngeling tilu kajadian penting, nyaéta:

  1. Lahirna Pangeran Siddharta di Taman Lumbini dina taun 623 S.M.,
  2. Pangeran Siddharta ngengingkeun Pencerahan Agung jeung jadi Buddha di Buddha-Gaya (Bodhgaya) dina yuswa 35 taun dina taun 588 S.M. (Saacan Masehi).
  3. Parinibbana (mangkat) na Buddha Gautama di Kusinara dina yuswa 80 taun dina taun 543 S.M.

Tilu kajadian ieu disebut "Trisuci Waisak". Kaputusan ngarayakeun ieu Trisuci Waisak, diputuskeun dina Konférénsi Persaudaraan Buddhis Sedunia (World Fellowship of Buddhists - WFB) nu kahiji di Sri Lanka dina taun 1950. Pangeling-ngeling ieu diayakeun pas purnama kahiji bulan Mei.

Waisak saenyana ngaran hiji bulan dina kalénder India Kuno.

Ngaran-Ngaran Waisak

[édit | édit sumber]

Dina tradisi Mahayana, poé ieu dicokot tina basa Sanskerta, वैशाख (Vaiśākha), jeung tina variana. Vesākha dikenal ku ngaran Vesak atawa Wesak (衛塞節) dina basa Sinhala.

Waisak ogé dikenal maké ngaran:

Pangeling-ngeling Waisak

[édit | édit sumber]

Di Indonesia

[édit | édit sumber]

Pengeling-ngeling Waisak di Indonésia nurut kana kaputusan WFB. Biasana dipusatkeun sacara nasional di komplek Candi Borobudur, Magelang, Jawa Tengah.

Runtuyan pangeling-ngeling Waisak nasional pokok acarana jiga kieu :[2]

  1. Dicokotna cai bérékat ti cinyusu nu aya di Jumprit Kabupatén Temanggung jeung diseungeutna obor maké seuneu abadi ti Mrapen Kabupatén Grobogan.
  2. Ritual "Pindapatta", hiji ritual nu eusina méré sedekah dahareun keur para biksu (bhiksu/bhikku) ku masyarakat (umat), maksudna nyaéta méré kasempetan pikeun masyarakat keur neunden hiji kabajikan.
  3. Tapa (Samadhi, Semedi) di waktu detik-detik puncak purnama. Bulan purnama ieu ditangtukeun maké elmu falak ku lantaran kitu, bisa waé purnama téh ayana dina waktu siang.

Salian ti tilu acara poko biasana dilakukeun ogé pradaksina, pawei jeung acara kesenian.

Sumber

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
Waisak
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
Waisak
  1. Artikel singkat ngeunaan Waisak
  2. Artikel tentang Upacara Waisak 2007 dari Walubi Archived 2007-12-10 di Wayback Machine