Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) diadegkeun dina taun 1954 kalayan ngaran PTPG (Perguruan Tinggi Pendidikan Guru). Taun 1963 ngaran PTPG dirobah jadi IKIP sarta dina taun 1999 dirobah deui jadi UPI. Mimiti taun 2004, UPI dibéré otonomi sarta jadi paguron luhur badan hukum milik nagara (basa Indonésia: Perguruan Tinggi Badan Hukum Milik Negara (PT BHMN)).
Sekolah Pascasarjana (SPs) Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) mangrupa salah sahiji SPs pangkolotna di Indonésia nu komitmen nu kuat ka kualitas. Sajarahna dikawitan di taun 1968 kalawan dibukana Lembaga Pendidikan Post Doktoral (LPPD) anu salajengna robah jadi Sekolah Pasca Sarjana (1977-1982), Fakultas Pascasarjana (1983-1990), Program Pascasarjana (1991-2005), jeung taun 2006 balik deui jadi Sekolah Pascasarjana. SPs UPI ngayakeun Program Magister Pendidikan jeung Non-Pendidikan (S2) sarta Program Doktor Pendidikan (S3).
Isola Pos (biasa disebut: Isola) nyaéta surat kabar mahasiswa dwibulan nu dimedalkeun ku Unit Pers Mahasiswa Universitas Pendidikan Indonésia (UPM UPI). Dina kawit mangsa medalna nepi ka taun 2006, Isola Pos ngagunakeun jargon nu sarua jeung nu dipaké ku IKIP Bandung, nyaéta "Ilmiah, Edukatif, Religius".
Édisi munggaran (Édisi Wawanohan) Isola Pos medal di bulan Agustus taun 1991 kalawan sistim cétak offset. Di kaca hareupna Isola Pos munjulkeun headline topikna "SMPT" (Senat Mahasiswa Perguruan Tinggi). Sanajan rubrikasi Isola ngawengku téma liputan nu ambahanna jembar pisan (atikan, politik, gerakan mahasiswa, sastra, basa, seni, budaya jeung nu lianna), Isola ogé kungsi dipikawanoh salaku tabloid politik[1]. Hal ieu dilantarankeun ku pangurus isola Pos jeung UPM UPI (salaku lembaga pamedal Isola Pos) sacara langsung jeung henteu sering kabawakeun ku aktifitas gerakan mahasiswa di Bandung dina mangsa Orde Baru pamingpin Soeharto.
KOMPOR (Komunitas Mahasiswa Penggemar Otomasi dan Robotika)
KOMPOR nyaéta Unit Kegiatan Mahasiswa nu bagerak di widang teknologi robotika. KOMPOR nu ngadeg kaping 30 April 2003 ieu mimiti diresmikeun kaping 2 Februari 2008 di Gedong Pusat Kegiatan Mahasiswa UPI [2]. Sanajan dibentuk jeung didominasi ku mahasiswa-mahasiswa (Jurusan téhnik Mesin jeung Jurusan téhnik Éléktro FPTK Universitas Pendidikan Indonésia (UPI), KOMPOR ngabogaan kawijakan kaanggotaan kabuka (mahasiswa nonFPTK).