Ir. R. Ukar Bratakusumah | |
---|---|
gumelar Radén Oekar Bratakoesoemah di Bandung, 17 Séptémber 1907 – maot di Jakarta, 12 Maret 2003 dina umur 95 taun | |
Rektor ITB ka-3 | |
Masa jabatan 14 April 1964 – 22 Februari 1965 | |
Menteri Pekerjaan Umum Republik Indonesia ka-8 | |
Masa jabatan 27 April 1951 – 3 April 1952 | |
Gubernur Jawa Barat ka-5 | |
Masa jabatan 1948 – 1950 | |
Walikota Bandung ka-14 | |
Masa jabatan 1947 – 1949 | |
Saméméhna | R. Syamsoerizal |
Katerangan lian | |
Kabangsaan | Indonesia |
Ageman | Islam |
Ir. R. Ukar Bratakusumah (lahir di Bandung, Jawa Barat, Indonesia, 17 Séptember 1907 pupus di Jakarta, 12 Maret 2003 dina yuswa 95 taun) nyaéta Gubernur Jawa kulon anu kalima dina taun 1948 - 1950 mangsa pamaréntahan Darurat Républik Indonesia (PDRI).[1] Kungsi ogé ngalungguhan Menteri Pekerjaan Umum Indonésia dina taun 1951 nepi ka taun 1952 mangsa Kabinét Sukiman Suwirjo.[1] Kapeto ogé jadi Réktor Institut Teknologi Bandung dina taun 1964-1965.[1]
Radén Oekar Bratakoesoemah atawa Ukar Bratakusumah,[2] saurang inohong Jawa Barat anu mana dina wanci babarengan nyepeng dua kalungguhan taya lian jadi Gubernur Jawa Barat (Désémber 1948-1950) tur Wali Kota Bandung nu ka-14 (1947-1949).[3] Nalika pasukan Walanda ngajorag nagara, Ukar leupas tina panyangkalak urang Walanda.[3] Tuluy inyana kapeto ku Pemerintahan Darurat Republik Indonesia jadi Gubernur Jawa Barat samentara ngaganti R. Mas Sewaka.[3]
Dina mangsa Revolusi, Ukar Bratakusumah kungsi mulang ka Désa Taringgal tanggal 17 Nopémber 1949.[3] Sabada dibubarkeunna PRJB (Perjuangan Rakyat Jawa Barat)[4] pikeun ngabaur/ngahijikeun kakuatan jeung nagara Republik Indonesia tanggal 1 Séptémber .[3] Tatan-tatan dina nyanghareupan ayana agresi/serengan militer ti pihak Walanda sabada ditandatangan hasil babadamian/Kasapakatan Linggajati jeung Renville.[3]. Kitu ogé Wahidin ngabubarkeun divisi 17 Agustusna turta méré kabébasan pikeun sakabéh anggotana.[3] Oya Sumantri ogé ngécagkeun kalungguhana minangka Gubernur, Ukar Bratakusumah mangsa harita balik ka Désa Taringgal tanggal 17 Nopémber 1949.[3]
Nalika jumeneng Ir. R. Ukar Bratakusumah kungsi ngalungguhan sababaraha jabatan penting :
Nalika anjeunna masih kénéh nyepeng kalungguhan wali kota salah sahiji karyana taya lian jambatan anu ngagateng luhureun susukan Citarum Dayeuh Kolot.[5] Sagigireun ti éta mindahkeun gedong pamaréntahan ti Désa Subang ka Kuningan di Jalan Diponegoro.[5]
Kajadian Bandung lautan api, nyaéta hiji kajadian pohara gedé di taneuh Pasundan anu salilana bakan diinget ku masarakat sunda.[7] Teu réla pakusarakan diandih tur dikawasa ku bangsa deugeun, teu saeutik pamuda sunda anu ilubiung bajuang dina éta kajadian Bandung lautan api.[7] di antarana Radén Ema Bratakusumah anu nyaéta inohong Sunda tur pajoang pergerakan nasional di Jawa Barat.[7] Utamana mangsa bajoang ngalawan tentara Jepang anjeunna jeung pada baturna : Ukar Bratakusumah, Anwar Sutan Pamuntjak, Duyeh Suharsa, tur Dr. Junjunan Setiakusumah ngadegkeun hiji gempungan para pamuda pikeun bajoang ngaheuyeuk kota Bandung.[7] Sabada proklamasi kamerdekaan 1945.[7] Anjeunna ngadegkeun Laskar Rakyat gunana pikeun ngatur pangungsian pamaréntahan jeung Masarakat Bandung mangsa lumangsungna kajadian Bandung lautan api.[7]
Mangsa ngawangun Masjid Istiqlal, anu mangrupa perlambang/simbol kamerdékaan jeun kamanunggalan rahayat Indonesia.[8] Ir Ukar Bratakusumah jeung genep urang lianna, kapapancénan jadi juri dina saémbara nyieun rarancang/design éta Masjid.[8] Anu dipupuhuan ku Présidén Ir Soekrno..[8] Pangwangunan Masjid Istiqlal dimimitian 24 Agustus 1961, réngsé 22 Februari 1998 anu diresmikeun ku Présidén Soéharto dina tanggal .[8] Ngaliwatan saémbara anu kawilang rékép, antukna Friederich Silaban kapeto pikeun ngarancang masjid istiqlal, padahal agemana inyana mah Kristen Protestan.[9]
|isbn=
value (bantuan).
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |