Universitas Islam Negeri Sunan Gunung Djati
Ngadeg | 8 April 1968 |
---|---|
Jinis | Perguruan Tinggi Negeri |
Réktor | Prof. Dr. H. Mahmud, M.Si. |
Perenah | Bandung, Jawa Kulon |
Loka | uinsgd.ac.id |
Universitas Islam Negeri Sunan Gunung Djati atawa kawentar UIN Bandung atawa sok ilahar disingget UIN SGD (saméméhna kasebat IAIN Sunan Gunung Djati), mangrupa hiji Universitas Islam Negeri lokasina di daérah Cibiru Bandung, Jawa Barat. Jujuluk UIN Bandung ku Sunan Gunung Djati nyaéta ngaran salah sahiji Walisongo, tokoh nu nyebarkeun agama Islam di tanah Jawa, hususna di Jawa Kulon jeung Banten. UIN Sunan Gunung Djati Bandung taun 2022 jadi kampus nomer hiji dina lingkup Perguruan Tinggi Keagamaan Islam Negeri (PTKIN) sa Indonésia versi webometrics. Nepi ka ayeuna UIN Sunan Gunung Djati Bandung terus ningkatkeun kualitas SDM keur ngahontal visi nyaéta "Ngajadikeun Universitas Islam Negeri anu unggul jeung kompetitif dumasar kanu wahyu mandu élmu dina lingkup akhlak karimah di ASEAN taun 2025".
Sajarah ngadegna IAIN (Institut Agama Islam Negeri) tanggal 8 April 1968 M/ 10 Muharram 1388 H dumasar SK Menteri Agama RI Nomer 56 Taun 1968. Atanapi kiwari janten UIN (Universitas Islam Negeri) Bandung dumasar Palaturan Présidén RI No. 57 Taun 2005, tanggal 10 Oktober 2005/ tanggal 6 Ramadhan 1426 H, IAIN robah statusna jadi UIN Sunan Gunung Djati Bandung.
Dimimitian dina taun 1967, tokoh masyarakat, alim ulama, jeung cendekiawan Muslim Jawa Barat anu dikokojoan ku K. H. Anwar Musaddad, K.H. A. Muiz, K.H. R. Sudja'i, jeung Arthata bari disatujuan KDH Jawa Barat, ngabentuk Panitia Perizinan ngadegna IAIN di Jawa Barat anu disahkeun ku Menteri Agama RI kalayan SK-MA No. 128 Taun 1967.
Satuluyna, dumasar SK Menteri Agama RI Nomer 56 Taun 1968, resmi ngadeg pikeun mimiti IAIN Sunan Gunung Djati Bandung. Muka 4 Fakultas: (1) Syari'ah, (2) Tarbiyah, (3) Ushuluddin di Bandung, dan (4) Tarbiyah di Garut.
Dina taun 1973, IAIN SDG Bandung pindah ka Jalan Tangkuban Perahu No. 14, taun 1974 IAIN SGD pindah deui ka Jalan Cipadung. Taun 1970, dina raraga rayonisasi, Fakultas Tarbiyah di Bogor jeung Fakultas Syari'ah di Sukabumi saméméhna nginduk ka IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta digabungkeun ka Fakultas Induk di Bandung. Sedengkeun Fakultas Tarbiyah Cirebon anu nginduk ka IAIN Syarief Hidayatullah, tanggal 5 Maret 1976 nginduk ke IAIN Sunan Gunung Djati Bandung.
Taun 1993, diadegkeun fakultas anyar, nyaéta Fakultas Dakwah jeung Fakultas Adab. Taun 1997, diadegkeun Program Pascasarjana, muka Program S.2 Pascasarjana.
Taun 1997, Kawijakan panataan sistem rayonisasi IAIN. Dumasar SK Présidén Nomer 11 Taun 1997 tanggal 21 Marét 1997 Fakultas Tarbiyah Cirebon jadi Sakola Luhur atawa Sekolah Tinggi Agama Islam (STAIN) Cirebon; kitu ogé Fakultas Syari'ah Serang jadi STAIN Serang.
Dumasar Palaturan Présidén RI No. 57 Taun 2005, tanggal 10 Oktober 2005/ tanggal 6 Romadon 1426 H, IAIN Sunan Gunung Djati robah statusna jadi UIN Sunan Gunung Djati Bandung. Nepi ka kiwari UIN Sunan Gunung Djati Bandung tuluy ngembangkeun jurusan-jurusan anyar.
Dugi ka kiwari, kapamingpinan réktor, nyaéta:
Tujuan UIN SGD Bandung nyaéta :
1. Nyiapkeun generasi anu ngabogaan karakteristik teguh iman, mulya akhlak, jembar élmu, tur singer gawé.
2. Ngembangkeun panalungtikan, boh élmu agama ogé umum.
3. Nyebarkeun élmu agama jeung élmu umum dina raraga kasajahteraan masyarakat.