Tulip nyaéta tutuwuhan anu kaasup kana kulawarga Lilicae, ngaran latinna Tulipa.[1] Tulip asalna ti Asia Tengah jeung Asia Barat nyaéta di kawasan Pagunungan Pamir jeung Pagunungan Hindu Kush ogé stepa di Kazakhtan.[1] Kembang tulip kasohor pisan di Walanda, sedeng kembanganna téh di bulan Maret nepi ka April.[2] Ku kituna, Walanda disebut nagri tulip.[2] Tapi mimitina tulip mangrupa kembang nasional di Nagara Iran jeung Turki.[2] Saenyana, tulip téh kaasup kembang nu liar.[2] Masarakat di Nagara Turki, nu munggaran ngabudidayakeun tulip ti awal taun 1000-an, nyaéta nalika masa pamaréntahan kakhalifahan Utsmaniyah.[2] Utamana nalika aya dina kakawasaan Sultan Ahmed III (1703-1730), nepi ka disebut éra kembang tulip.[2] Sedeng asup ka Walanda téh abad ka 16-an.[2] Ngaran tulip ogé asalna tina basa Turki “surban” anu hartina kaén anu dibeulitkeun kana sirah.[2]
Tulip Acuminata ; Jenis tulip anu langka, kembangna warna beureum, bagéan luhurna lencop, sedeng bagéan handapna warna konéng.[rujukan?] Sok disebut tulip api.[1]
Tulip Agenensis ; Jenis tulip anu kembangna warna beureum, jeung warna hideung konéng di tengahna.[1]
Tulip Armena ; Jenis tulip anu asalna ti Turki, tumuwuh di wewengkon suku gunung batu.[1]
Tulip Auchierana ; Jenis tulip anu kembangna warna kayas jeung tengahna warna konéng.[rujukan?] Sumebar di sababarah nagara di antarana Lebanon, Suriah, Turki, Iran, Israél jeung Rusia.[1]
Tulip Batalini ; Jenis tulip anu warnana konéng sumebarna di Uzbékistan.[1]
Tulip Bakeri ; Jenis tulip anu liar di Crete, kembanganna bulan Maret nepi ka April.[1]
Tulip Biflora ; Jenis tulip anu sumebar di Tenggara Rusia jeung Balkan.[1]
Tulip Borszczowii ; Jenis tulip nu tumuwuh dina usu semi.[1]
Tulip Butkovii ; Jenis tulip anu warnana bodas jeung gandaria.[1]
Triumph ; Bentuk kembangna siga endog, catangna kuat tur fléksibel kana cuaca, jeung jangkungna 25 cm - 41 cm.[4]
Darwin Hybrid ; Catangna kuat tur tahan kana virus, kembanganna ligar bulan April, jeung jangkungna 30 cm - 51 cm.[4] Kapanggihna nalika perang dunia kadua.[5] Hasil persilangan antara tulip fosterianan jeung tulip darwin.[5]
Greigii ; Catangna kukuh, ukuranna kembangna teu pati gedé tur rekah nalika kacahyaan panonpoé, kembanganna bulan April, jeung jangkungna 20 cm - 30 cm.[4]
Single late ; Makutana leutik pisan.[5] Catangna panjang jeung kuat, kembangan di ahir bulan April, jeung jangkungna 37 cm - 76 cm.[4]
Double late ; Makutana loba, kembangan di ahir bulan april, jangkungna 30 cm - 41 cm.[4]
Lily-flowered tulip ; Catangna panjang, daun makutana méncos, kembangan di ahir bulan April, jeung jangkungna 37 cm - 76 cm.[4]
Fringed group ; Makutana siga nu pinuh ku Kristal, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna nepi ka 76 cm.[4]
Vridiflora ; Umurna panjang, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna 41 cm - 61 cm.[4]
Rembrandts ; Bebas tina panyakit, kembangan ahir bulan April.[4]
Parrot ; Catangna kukuh tur kuat, dina tengah makutana aya warna héjoan, kuat dina cuaca anu teu hadé, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna 31 cm - 41 cm.[4]