Tipung nyaéta bubuk leutik tur lemes anu dihasilkeun tina olahan sisikian, beubeutian pon kitu deui sasatoan.[1] Badag jeung lembutna tipung gumantung kana mangsa nutuan atawa ngagilingna, tipung ilaharna dimangpaatkeun pikeun kabutuhan rumah tangga, bahan baku industri, panalungtikan, jeung réa-réa deui.[1] Tipung dihasilkeun tina rupa-rupa bahan saperti : Tipung tarigu tina gandum , tapioka tina sampeu , maizéna tina jagong , tipung lauk, tipung tulang, tipung sagu tina tangkal kirai , jeung rea-rea deui.[2][3]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |