Teluk Tomini Basa Inggris: Gulf of Tomini | |
---|---|
Katelahna ku ngaran Bay of Tomini | |
Teluk Tomini ayana palebah wétan Pulo Sulawesi | |
Lokasi | Asia Tenggara |
Tipeu | Teluk |
Nagara basin | Indonésia |
Tempat | Gorontalo, Poso |
Teluk Tomini nyaéta salah sahiji teluk nu aya di Pulo Sulawesi, Indonésia. Harti Teluk Tomini nu dumasar kana International Hydrographic Organization (IHO) nyaéta salah sahiji perairan Kepulauan Hindia Wétan. Dumasar kana IHO batas belah wétan nu salaku "batas kulon Laut Maluku" hartina Tanjung Pasir Panjang (0°39′S 123°25′E / 0.650°S 123.417°E) jeung Tanjung Tombalilatu (123° 21′ E) di pasisir nu pasebrangan. Teluk Tomini téh kaasup kana kawasan Zona Wallacea, nu mangrupa kawasan nu papisah ti Benua Asia atawa Australia . Teluk Tomini ogé kaasup kana perairan semi katutup (semi enclosed) nu langsung bersinggungan jeung tilu propinsi nyaéta Sulawesi Kalér, Sulawesi Tengah jeung Gorontalo; opat belas kabupatén atawa kota sarta dua puluh tilu daérah aliran sungai (DAS).[1] Kabupatén di Propinsi Sulawesi Tengah anu wawatesan jeung Teluk Tomini aya tilu nyaéta Kabupatén Banggai, Kabupatén Poso, jeung Kabupatén Parigimoutong. Di Propinsi Gorontalo, aya dua nyaéta kabupaten jeung hiji kota, diantarana Kabupatén Bualemo, Kabupatén Gorontalo, jeung Kota Gorontalo. Sedengkeun di Propinsi Sulawesi Kalér aya dina wilayah bagian luar biwir teluk nyaéta ku dua kabupatén jeung hiji kota, diantarana aya Kabupatén Bolaang Mongondow, Kabupatén Minahasa, jeung Kota Bitung. Teluk Tomini téh kaasup tipeu pantai nu tebingna nangtawing, jero perairanna sakitar 4000 meter[2], miboga lega teluk sakitar 6 juta hektare, sarta miboga 1.031 hektare terumbu karang jeung 785,10 hektare leuweung bakau.[3]