Taufik Hidayat nyaéta salah sahiji pamaén badminton Indonesia nu geus kasohor ka sakuliah dunya ti klub Sangkuriang Graha Sarang Eléktrik Bandung.[1] Lahir di Bandung, Jawa Barat 10 Agustus 1981.[2] Meunangkeun medali emas keur Indonesia dina Olimpiade Athena 2004 ngéléhkeun Seung Mo Shon ti Korea Selatan di babak final.[2]
Tanggal 21 Agustus 2005 jadi jawara dunya ngéléhkeun Lin Dak.[1] Salian ti éta, Taufik ogé kungsi nyangking jawara tunggal putra Asian Games (2003 jeung 2006), sarta genep kali jadi jawara di Indonesia Terbuka (1999, 2000, 2002, 2003, 2004, jeung 2006).[1] Pangalaman lianna nyaéta dina Piala Thomas (2000, 2002, 2004, 2006, jeung 2008) sarta Piala Sudirman (1999, 2001, 2003, jeung 2005).[2] Taufik nikah tanggal 4 Februari 2006 ka Ami Gumelar putrina Agum Gumelar jeung Linda Amalia Sari.[2]
Taufik mundur ti Pelatnas Cipayung dina tanggal 30 Januari 2009.[2] Sanggeus éta tuluy jadi pamaén profesional.[2] Kiwari keur ngokolakeun bisnis jeung Yonex dina widang alat-alat olahraga.[2]