Tuur jelema nu misalah keur diriksa ku radiologi. | |
ICD-10 | S00(({2))}.(({3))}-T88(({2))}.(({3))} |
ICD-9 | 800-999 |
Tatu (basa Indonésia: luka; Basa Inggris: injury) nyaéta tapak gedé dina anggahota awak nu dibalukarkeun ku pakarang, kabedil, kasogok, keuna ku barang-barang teuas, lantaran cilaka séjén nepi ka baloboran getih, buncunur, potong tulang, gudawang atawa nyéréngéh.[1]
Organisasi Kaséhatan Dunya (WHO) mengembangkan klasifikasi médis International Classification of External Causes of Injury (ICECI). Dina ieu sistim, tatu diklasifikasikeun dumasar:
Ieu kodeu-kodeu ngamumkinkeun idéntifikasi distribusi tatu dina populasi tinangtu jeung idéntifikasi kasus pikeun panalungtikan nu leuwih wincik ngeunaan panyabab sarta upaya panyegahan.[2][3] Biro Statistik Tanaga Kerja Amérika Sarikat ngembangkeun Sistim Klasifikasi Kacilakaan Kerja jeung Penyakit (OIICS). Dina ieu sistem tatu, diklasifikasikeun dumasar:
OIICS mimiti dipedal taun 1992 sarta geus diperbarukeun sababaraha kali ti saprak dipedalna.[4] Orchard Sports Injury Classification System (OSICS) mah dipaké pikeun nglasifikasikeun tatu nu ngamumkinkeun panalungtikan ngeunaan tatu dina widang olahraga tinangtu.[5]