Taman Mini Indonésia Indah (TMII) mangrupa taman wisata ngeunaan budaya Indonésia nu aya di Jakarta Wétan, Jakarta. Luasna kirang leuwih 150 héktar.[rujukan?] Taman ieu mangrupa cindekan kabudayaan bangsa Indonésia.
Ide pikeun ngawangun hiji miniatur ngeunaan Indonésia jeung sagala dina jerona diébréhan ku Ibu Nagara, Siti Hartinah atawa Ibu Tien Soeharto. Ide ieu kapikiran dina hiji panglawungan dina kaping 13 Maret 1970. Liwar miniatur ieu mugi-mugi bisa ngabangkitkeun rasa gumbira jeung rasa asih lemah cai ka bangsa Indonésia.[1] Jadina, dimimitian hiji proyék nu disebat Proyek Miniatur Indonésia "Indonesia Indah", nu dilaksanakeun ku Yayasan Harapan Kita. TMII diwangunna mimiti dina taun 1972 jeung diresmikeun dina kaping 20 April 1975.
TMII miboga logo nu intina mah diwangun ku hurup TMII, Singketan ti "Taman Mini Indonesia Indah". Ari maskotna mangrupa dedengkot wayang Hanoman nu dinamian NITRA (Anjani Putra). Maskot Taman Mini "Indonesia Indah" ieu diresmikeun ngagunakeunnana ku Ibu Tien Soeharto, dina taun 1991.
Aya 14 muséum di TMII:
Portal Portal Portal Portal |