Surat dicap ku patugas pos saméméh diiangkeun ka tempat tujuan Surat
nyaéta alat komunikasi anu ngagunakeun basa , sangkan informasi atawa warta bisa katarima ku nu maca.[1] Ti jaman baheula nepi ka ayeuna jalma teu bisa leupas tina kapentingan jeung jalma lian boh nu aya di sabudeureunana, boh nu aya di jauhna.[1] Ngaliwatan surat, sagala béwara, pernyatan, katerangan, pamérédih, laporan, jeung pamondah bisa gampang kaharti maksudna.jaman baheula mah wangun surat kacida basajanna, boh cara nulisna, boh cara ngirimkeunana.[1] Sok sanajan ayeuna alat komunikasi geus sakitu majuna saluyu jeung kamajuan téknologi , peranan surat angger dipikabutuh.[1]
Surat kulawarga: sipatna kakulawargaan dina hirup kumbuh sapopoé saperti antara sobat jeung sobat, anak jeung kolot, lanceuk jeung adi.[1]
Surat Niaga: ditulis ku jalma anu bagerak dina lapangan buniaga jeung pausahaan, eusina ngeunaan buniaga.[1]
Surat Dines,ditulis ku lembaga/ instansi pamaréntah/ swasta, eusina ngeunaan kadinesan jeung sagala formalitasna.[1]
Surat Organisasi, ditulis ku organisasi anu sipatna merjuangkeun gagasan organisasi.[1] Surat kaitung praktis.[2]
Surat leuwih irit[2]
Surat leuwih éféktif[2] Puhu Surat,nuduhkeun idéntitas lembaga/ organisasi, biasana biasana dikaluarkeun ku lembaga, pausahaan, organisasi/ instansi.[2]
Tempat jeung Titimangsa, tempat nuduhkeun lokasi nalika nulis surat, titimangsa nuduhkeun tanggal nalika nulis surat.[2]
Nomer Surat, dicantumkeun sangkan gampang nalika sawaktu-waktu dibutuhkeun.[2]
Lampiran, nuduhkeun dokumén anu dihijikeun kana surat.[2]
Hal, poko eusi surat[2]
Alamat, dimimitian ku kecap kahatur.[2]
Salam bubuka, kalimah bubuka minangka panghormat di awal surat.[2]
Paragraf bubuka, saméméh asup kana inti pasualan, minangka panganteur kana inti.[2]
Eusi Surat, masalah poko dina surat.[2]
Panutup, ahir surat anu sipatna harepan, paneges tur aya hubunganana jeung sopan santun.[2]
Salam Panutup[2]
Tanda tangan[2]
Tembusan, pikeun ngagampangkeun pamariksaan lamun aya pihak séjén anu aya patalina jeung éta surat.[2] Catetan
↑ a b c d e f g h Fajar M.N. 2009. Terampil Menulis Surat . Bandung: Puri Delco.
↑ a b c d e f g h i j k l m n o p Warsidi, Edi. 2009. Kecil-kecil Berani Berkirim Surat . Bandung: Karsa Mandiri Persada.
Artikel ieu mangrupa taratas , perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan .