Stasion Kiaracondong
| |
---|---|
| |
Stasion Kiaracondong nu anyar ditempo ti hareup | |
Lokasi | Jalan Stasiun Lama (wangunan kidul)
Jalan Ibrahim Adjie (wangunan kalér) Babakan Sari (wangunan kalér), Kiaracondong, Bandung, Jawa Kulon, 40283 Indonésia |
Luhur | +681 m |
Operator | Daérah Operasi II Bandung |
Letak ti pangkal | km 160+124 lintas Bogor–Bandung–Banjar–Kutoarjo–Yogyakarta[1] |
Jumlah péron | 8 |
Jumlah jalur | 7 |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Gedé tipeu C[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 1884 |
Layanan | |
Lodaya, Mutiara Selatan, Malabar, Serayu, Kahuripan, Pasundan, Kutojaya Selatan, Cikuray, Baturradén Eksprés, Commuter Line Bandung Raya, jeung Commuter Line Garut | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan | Éléktrik |
Pamesenan tikét | Sistem tikét onlén, ngalayanan pamesenan langsung jeung parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass |
Lokasi dina peta |
Stasion Kiaracondong (KAC) atawa Stasion Kircon (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮊᮤᮃᮛᮎᮧᮔ᮪ᮓᮧᮀ) nyaéta stasion karéta api kelas gedé tipeu B di Kota Bandung, lengkepna di wates antara Kalurahan Babakansari jeung Kalurahan Kebonjayanti. Stasion anu aya di tingkat kaluhuran +681 métér ieu kaasup ka Daérah Operasi II Bandung. Kapungkur sadayana karéta api panumpang, boh anu kelas éksékutip, bisnis, nepi ka ékonomi, dilayanan di Stasion Bandung. Ningkatna jadwal karéta api di Stasion Bandung jadi alesan sadaya angkatna karéta antarkota ngalih ka Stasion Kiaracondong.
Stasion Kiaracondong miboga dua wangunan, wangunan kalér husus pikeun panumpang KA jarak jauh, sedengkeun wangunan kidul pikeun panumpang KA lokal/komuter.
Kiwari, Stasion Kiaracondong jadi titik jalur rél ganda pangwétanna di wewengkon Bandung Raya (Padalarang-Cicaléngka). Stasion ieu miboga tujuh jalur, jalur 3 minangka sepur lurus pikeun jalur tunggal ogé jalur ganda arah hulu (ka arah Bandung/Padalarang) sarta jalur 2 minangka sepur lurus pikeun jalur ganda arah hilir (ti arah Bandung/Padalarang).
Kiwari karéta kelas campuran ogé eureun di stasion ieu pikeun naék-turunkeun panumpang, boh ka arah Bandung atawa sabalikna. Kawijakan ieu ngajadikeun stasion ieu minangka titik angkatna tur dongkapna panumpang kadua di Kota Bandung.
Karéta api anu teu eureun di stasion ieu nyaéta KA Argo Wilis, Turangga, jeung angkutan barang.
Di deukeut stasion ieu aya Balai Yasa Kiaracondong, balai yasa anu husus digunakeun pikeun ngarawat sarta ngoméan jambatan, ngawengku suku cadang keur jambatan-jambatan karéta api anu masih kénéh aktip, ngomé rangka jambatan, nyieun jambatan anyar, sarta parawatan rutin.[3]
Daptar karéta api nu eureun di stasion ieu nyaéta:[4]
(id)Situs resmi PT Kereta Api Indonesia Archived 2015-11-25 di Wayback Machine
Jalur karéta api Padalarang-Kasugihan | |
---|---|
Stasion saméméhna: Stasion Cikudapateuh |
Stasion saenggeusna: Stasion Gedébagé |