Letnan Jenderal TNI Purn. H. Solihin Gautama Purwanegara | |
---|---|
gumelar di Tasikmalaya, Jawa Barat, 21 Juli 1926; umur 98 taun | |
Gubernur Jawa Barat ka-10 | |
Masa jabatan 1970 – 1974 | |
Présidén | Soeharto |
Saméméhna | Mashudi |
Sanggeusna | Aang Kunaéfi Kartawiria |
Katerangan lian | |
Gumelar | Solihin Gautama Purwanegara |
Kabangsaan | Indonesia |
Pameget/istri | Maryam Harmain |
Profési | Militer |
Ageman | Islam |
Solihin Gautama Purwanegara dilandih Mang Ihin téh saurang inohong, pajuang, Gubernur Jawa Barat periode 1970 - 1974, sarta Purnawirawan bintang tilu (Letnan Jendral) nu gumelar di Tasikmalaya, Jawa Barat, 21 Juli 1926; umur 98 taun.[1] Anjeunna kapeto ngalungguhan jabatan Gubernur Jawa Barat ngaganti Mayjen Mashudi.[2]
Bulan Juli 1965 Mang Ihin diangkat jadi Panglima ngaganti Yusuf anu meunang tugas anyar jadi mentri perindustrian.[3] Anjeunna kapapancénan numpes gorombolan Kahar Muzakkar di Sulawesi.[3] Hasilna henteu nguciwakeun, sabada ngajorag tuluy ngepung panyumputanna.[1] Antukna pasukan siliwangi anu dikomandoan ku Mang Ihin, hasil nyangkalak Kahar Muzakkar jeung balad-baladna, perenahna di hiji saung deukeut susukan Lasolo .[1]
Gerakan "gandrung tatangkalan" salah sahiji program kerja nalika anjeunna ngalungguhan jabatan gubernur Jawa Barat.[4] Hal ieu dumasar kana hasil panalungtikan anu hasilna ngébréhkeun hiji kaayaan kurangna kasadaran warga masarakat kana ngamumulé tur ngariksa lingkungan.[4] Aya sababaraha sabab anu ngabalukarkeun ieu kaayaan saperti:
Ku alatan kitu anjeunna umajak ka sakabéh lapisan masarakat, pikeun ngawangun kasadaran dina ngamumulé lingkungan hirup.[4] Hal ieu ngajanggélék dina sababaraha program anu geus dilaksanakeun dina raraga ngawangun tur ngaronjatkeun kasadaran ngamumulé lingkungan, saperti: Karang taruna, PKK, Pramuka, jeung sajabana.[4]
Anjeunna sakulawarga kénging panglélér ti présidén Joko Widodo sareng jajaranna kaping 24 Juni 2017.[5] Dina éta kasempetan Mang Ihin teu poho nepikeun pangwawadi ka présidén ngeunaan pentingna ngajaga tur ngarawat kamanunggalan bangsa jeung pancasila, ku lantaran éta ideologi jeung dasar nagara urang.[5]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |