Caelifera | ||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Simeut | ||||||||||
Klasifikasi ilmiah | ||||||||||
| ||||||||||
Kulawarga | ||||||||||
Superfamili: Proscopioidea
Superfamili: Eumastacoidea
Superfamili: Xyronotoidea
Superfamili: Pampagoidea
Superfamili: Pyrgomorphoidea
Superfamili: Trigonopteryguidea
Superfamili: Acridoidea
Superfamili: Tetrigoidea
Superfamili: Tridactyloidea
Superfamili: Cylindrichaetoidea
Can kanyahoan:
Charilaidae |
Simeut' mangrupa subordo insékta hérbivora dina ordo Orthoptera, nu ilmiahna disebut Caelifera.
Simeut boga anténeu nu leuwih pondok batan awakna, jeung ovipositor-na pondok. Spésiés nu sok disada, biasana ngaluarkeun sora tina gésékan fémur tukang jeung jangjang (tutup jangjang) atawa beuteungna. Tympana, mun ayaan, perenahna di bagian awal buku abdominal.
Subordo ieu ngawengku lima kulawarga utama:
Nu "pangpentingna" nyaéta Acrididae, nu ngawengku kira 10.000 spésiés. Kulawarga ieu dicirikeun ku suku jeung jangjang nalika geus sawawa, nu kelirna cékas jeung sampurna. As well as singing by rubbing their legs together, there may also be a visual display. Kulawarga Acrididae ngawengku Locust, nu bisa jadi hama tatanén nu bahya pisan.
Endog simeut diteundeun dina taneuh, dikubeng ku zat busa nu ngajaga dina mangsa inkubasi; biasana mah bisa nepi ka 400-500 endog.
Di sababaraha wewengkon di sakuliah dunya, simeut sok didahar salaku sumber protéin. Malah, di sababaraga nagara, simeut téh jadi salah sahiji katuangan ilahar para soldadu.
Di pasawahan Koréa, simeut sok dipaké deungeun sangu nalika dahar beurang, sabab dianggap mangrupa katuangan séhat. Ngasakkeunana mah rupa-rupa: disangray atawa digoréng sanggeus dilaan jangjang jeung sukuna. Ogé dipaké pikeun natambaan sawan barudak, batuk, tétanus.
Nalika populasi hiji spésiés simeut anténeu pondok ti kulawarga Acrididae loba teuing, anggotana sok robah jadi locust. Gorombolan locust ieu kawentar bisa ngaruksak pepelakan.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |