Rebon (hurang rebon) | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | Arthropoda
|
Subfilum: | Crustacea
|
Kelas: | Malacostraca
|
Ordo: | Decapoda
|
Infraordo: | Dendrobranchiata
|
Kulawarga: | Sergestidae
|
Génus: | Acetes H. Milne-Edwards, 1830
|
Type species | |
Acetes indicus H. Milne-Edwards, 1830
|
Rebon; jembret; Acetes nyaéta hurang leutik nu hirup na di basisir laut jeung muara panjangna 5-10 mm.[1] Rebon paling gedé ukurannya ngan nepika 20 mm, sok patukeur jeung hurang anu ngahaja diala geusan pibiniheun di tambak udang.[1] Rebon sok diala maké sésér, tayalian sair nu dijieun tina lawon mori tapi di hareupna leuwih rubak sarta molongo tungtungna pikeu ngasupkeun beubeunangan rebon nu kasair. [1]
Rebon loba hirup di tambak bareng jeung hurang anu ngahaja dipelak, sanajan rebon lain hiji komoditi anu mibanda niléy ekonomi kawas hurang, ayana di jero tambak kusabab milu ka sair jeung binih hurang anu ngahaja dipelakeun.[1] Rebon ogé bisa kapanggih hirup di muara, katempo mangsa cai laut anu tadina pasang mimiti ngorotan. [2][1] Bisa waé kapanggih hirup di basisir laut anu caina teupati jero, aya ogé dina huluwotan cai tambak mangsa tambakna digaringkeun.[1]
Sanajan rebon ukuranna laleutik tapi ari jumlahna loba mah teu wudu ngadatangkeun kauntungan, saperti dijieun tarasi, ébi, parab [[lauk], [sambel], jeung sajabana. [3][2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |