Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti.Mangga bantos ngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi.
Gaya panulisan artikel/bagian ieu kirang cocog jeung Wikipedia.Mangga tingali kaca sawalana. Tingali ogé panduan nulis artikel nu bener.
Raja Ampat

Raja Ampat nyaéta salah sahiji tempat wisata anu pohara didatangan ku para turis.[1] Tempat ieu bener-bener miboga daya irut nu hadé.[1] Lamun diibaratkeun mah, tempat wisata Raja Ampat ieu salaku surgana dunya.[1]

Raja Ampat nyaéta pecahan Kabupatén Sorong.[2] Kabupatén anu miboga jumlah masarakat kira-kira 31.000 jalma ieu mibanda 610 pulau (ngan 35 pulau anu dicicingan), luas daérah na kira-kira 46.000 km², 6.000 km² daratan, 40.000 km² deui lautan.[2]

Daérah ieu sempet jadi incaran para pemburu lauk ku cara ngebom jeung nyebarkeun racun sianida.[2] Tapi, loba kénéh nu nyicingan, anu narékahan, nangtayungan daérah ieu, ku kituna kakayaan lautna masih bisa disalametkeun.[2] Terumbu karang di laut Raja Ampat panglengkepna di dunya.[2] Ti 537 jenis karang, 75 persénna aya di daérah ieu.[2] Kapanggih ogé 1.104 jenis lauk, 669 jenis moluska (sato beyé), sarta 537 jenis sato karang.[2]

Lembaga lingkungan global netepkeun Raja Ampat minangka salah sahiji daérah di Indonésia anu meunang bantuan Coral Reef Rehabilitation and Management Program (Coremap) II, saprak 2005.[2] Di Raja Ampat, program ieu ngawengku 17 kampung sarta ngalibatkeun masarakatna.[2] Pamayang ogé dilatih ngabudidayakeun lauk kerapu sarta rumput lautna [2]




Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c Raja Ampat Archived 2011-10-22 di Wayback Machine
  2. a b c d e f g h i j Lokasi
Artikel ini teu mibanda kategori. Pék bantuan Wikipedia pikeun nambahan kategori. Tag ieu dipasangkeun dina April 2017.